Kang Jaya, anakna Bapa Sasramanggala wadana babakan Majalaya, kakara datang tas nyanyabaan ka Palangkaraya. Pacabakan Kang Jaya wartawan dalapan kalawarta, antarana majalah Matra.
Kang Jaya mah tara sasab ngalalana na, lantaran Kang Jaya tara balangah kawas salapan barayana, salawasna waspada sapanjang jalan!
Awalna mah, Kang Jaya ka Palangkaraya ngawawancara kapala tatalaksana majalah Matra, wastana Bapa Wangsa. Barang datang Kang Jaya rada ham-ham. Masalahna Bapa Wangsa mah tara nganggap satara papada jalma, rada ngarasa kawasa cara maharaja Mataram. Makana Kang Jaya datangna mamawa bata warna kayas, jang ngajaga awakna. Barang Kang Jaya datang ka Bapa Wangsa, garwa Pa Wangsa balanja ka pasar malam. Sadatang na, ana gantawang Bapa Wangsa narajang Kang Jaya ngajak sawala. Ngan hanjakalna Kang Jaya mah tara sarakah. Tatanggana mapagahan sangkan babacaan ayat karamat basa Arab. Sabada tamat maca ayat karamat, Bapa Wangsa ajrag-ajragan tanpa calana, taranjang!. Ngabarakatak kawasa taya bahaya, cara kapal balayar na talaga atawa sagara.
Barang ka Jakarta, Kang Jaya datang ka Kapalana. Kang Jaya ngarasa dahaga, sabab na kapalna ka Jakarta taya kadaharan katambah kapalna panas. Bapa kapala ngabaladah, barang tanya sagala hal ka Kang Jaya. Aya pala pabalatak na tatakan Bapa Kapala. Tamba hanaang Kang Jaya dahar pala aya kana saparapat mah. Bapa Kapala mah balabah, sagala kahayang Kang Jaya aya jawabna. Lantaran ngarasa bagja, Kang Jaya asa ngalayang cara bangbara. Pangrasa na mah asa kababawa raja kadal ka dasar sagara kalawan nyata.
Ka para jawara basa sadayana, mangga ah sadaya-daya. Anggap wacana na ngan sakadar bayangan basajan. Babah rada bangkawarah mah ngan calangap: �haram jadah tah!� Wah!
Lah aya-aya nya. Mangga, salam ka bapa-bapa sadaya na. Awas balangah ah, kana-kana katarajang kasawat mata
Tanda na,
Jang Rahman,
ngalalana ka nagara Walanda (rada gaya lah, ha ha ha !)
Asa balaga nya� dasar bayawak gagal !!
NamBah :
Kang Nataatmaja, tamada nya !
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

