Wa'alaikum salam wr wb, Haturan Kang, nyarios Prabu Siliwangi sareng Kian Santang ampir sami nyarioskeun fiksi (legenda) sareng sajarah, upami urang patokan kana legenda rada sesah milari buktos (peninggalan), kitu deui upami nilik tina sajarah aya sababaraha hal nu teu tiasa dicerna akal, aya sababaraha hal sabab musababna, hiji panginten memang ieu carita bohong, dua ieu carita leres mung teu aya buktos, atanapi buktosna teu acan kapendak, sapertos kieu bae keur mangsa abad pertengahan urang eropa nganggep yen bumi ieu teu buleud, laut teh disebut tungtung dunia nu matak galileo dihukum pati jalaran teorina teu kaasup akal urang eropa keur mangsa harita (padahal mah bener), benten jeung urang islam ti jaman nabi teu meunang ngadahar babi keur mangsa harita mah pastina loba nu can ngarti ayeuna mah pan tos jelas yen babi teh ngandung cacing pita nu matak bahaya, jrrd, nu sejenna mun urang islam digegel ku anjing kudu make taneuh, ayeuna mah geus kanyahoan yen taneuh teh bisa ngaleugitkeun racun anjing. Tah kukituna keur neuleuman carios Prabu Siliwangi jeung Kian Santang kudu ngagabung 2 sumber di luhur, sumber nu kahiji (legenda) tiasa ngadongkapan ka Garut, di desa Suci (godog) didieu aya makam titingal Kian Santang, sanawis ti eta tiasa oge ngadongkapan para sesepuh di tatar sunda nu biasana apal kana legenda sunda, sumber nu kadua tiasa ngadongkapan ahli sajarah sunda (sanes nasional kumargi seueur naskah sunda can kaguar) sapertos Prof Yoseph Iskandar, penulis sejarah Jabar+Banten+Ciamis+tatar sunda, Pak Ayatroaedi (arkeolog), jrrd, saran abdi mah ulah nyandak sumber 100% tina buku kumargi tiasa janten masih seueur lepatna, saupamina bade ngontak Pak Yoseph anjeuna aya di Serang, Banten abdi tiasa ngabantos, teu hilap upami naskahna tos janten geura pasihan terang urang sadaya keur bahan bacaan. ----- Original Message ----- From: "jaka ekalaya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Saturday, November 06, 2004 10:42 AM Subject: [Urang Sunda] Kian Santang; tiasa nulungan?
> > > Assalamu alaikum, > > Sim kuring Darmawan, pakasaban di Majalah TEMPO. Aya > kahoyong ngadamel tutulisan fiksi sabudeureun Prabu > Kian Santang, Siliwangi, Padjadjaran, jrrd. > > Aya nu haat nulungan? Maksad teh, upami aya buku > atanapi sketsa atanapi titingal sanes nu tiasa janten > bahan "pustaka", tiasa kitu upami dicopy? Kalaresan, > riset teh sesah pisan. Nembe sacupek kaca. Tebih pisan > kirangna. > > Salam, > > Darmawan Sepriyossa > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Check out the new Yahoo! Front Page. > www.yahoo.com > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

