Perkawis perangna Sayidina Ali sareng Muawiyah, ceuk buku sajarah Islam nu sempet ku kuring dibaca teu leupas tina "persaingan" (sundana ...naon nya) ti dua klan kulawarga nu gede pangaruhna di suku Quraish nu geus aya ti sateuacanana Kangjeng Nabi lahir nyaeta kulawrga Ummayah sareng kulawarga Hasyim. Nu kalebet kulawarga Ummayah teh Abu sofyan jeung Putrana Muawiyah kitu oge Khalifah Usman, anjeunna kalebet kulawrga ummayah. Nu kalebet kulawarga Hasyim nyaeta Kangjeng Nabi sareng misanna Ali. Saperti nu urang terang Abu Sofyan teh dengki pisan ka Kangjeng Nabi, malah istrina Hindun nu ngeremus jantung paman Nabi nu palastra waktu perang. Tapi waktos Makkah ditaklukeun ku Kangjeng Nabi Abu Sofyan dihampura ku Kangjeng Nabi, malah putra istrina (ummi Habibah) ditikah ku kangjeng Nabi sareng putrana nu pameget nu namina Muawiyah dicandak dijantenkeun sekretaris pribadi Nabi. Ku jalan kieu, persaingan antar dua kulawarga Ummayah jeung Hasyim janten teu aya.
Tapi saatosna Kangjeng Nabi Pupus, utamina mah saatosna Usman bin Affan janten khalifah, bibit-bibit mumusuhan ieu mucunghul deui, margi kahlifah Usman, asal-usulna ti kulawarga Ummayah. Mumusuhan ieu tambah kiat ku ditelasanana Kahlifah Usman. Muawiyah nu jadi gubernur Syria nuntut supaya nu nelasan Kahlifah Usman teh diusut, tapi Sayidina Ali nu janten khalifah ka opat, teu tiasa nedunan, margi seueur pemboratakan nu kedah ditumpes heula. Mumusuhan ieu tungtungna tambah kiat nu ujungna jadi perang. Istilah Dinasti Ummayah jeung Dinasti Hasyim dina sajarah Islam, saleresna mah dikawitan ti nami dua klan kulawarga ieu. Seueuer para pangawasa ti dua dinasti ieu anu ageung jasana dina ngembangkeun Islam. Tah kitu kang Yoga, punten.....ah bilih seueur salahna! WALUYA ----- Original Message ----- From: YOGA JATNIKA To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, November 05, 2004 8:33 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajaran ti Syaidina Ali kw-->Re: Moral Deui ................. Assalmu'alaikum Wr.Wb. Hapunten! Kang Oman, Abah Willy + Baraya Kusnet Sadaya, abdi gaduh patarosan anu cumantel sareng Ikhtilafna para Shohabat Kangjeng Nabi Muhammad SAW (Sapertos Sayyidina Ali Sareng Muawiyah atanapi Sayyidina Ali sareng Siti A'isyah) Saleresna naon hikmahna? dugika silih perangan? sapertos teu aya deui jalan kaluarna? Hatur-rebu-nuhun, (Yoga Jatnika) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

