Hiji hal anu kuring yakin ngeunaan masalah-masalah nu kieu, nyaeta
jalma-jalma nu can nanaon geus ngahakiman nyakompetdaunkeun hiji
bangsa/golongan kana kagorengan, tangtu eta jalma teh kurung batok!
Adat kakurung ku iga (dina harti nu goreng).
Perkara sajarah, memang aya sajarahna urang Sunda dinyenyeri ku urang
Jawa. Tapi sajarah mah geus kaliwat, keur pieunteungeun wungkul, lain
pikeun digegedekeun jadi bahan ngagogoreng bangsa sejen.
Rek urang (wanoja) Sunda digogoreng disebut matre jeung sajabana ge,
pek bae. Rek nepi ka jebi2 ge mangga teh teuing, urang mah moal bohak
ku digogoreng. Nu nyaho mah urang, lain aranjeun nu neuteup ge ukur ku
sabeulah panon kituh. Hese2 teuing...
Atawa lamun aya nu nyebut wanoja Sunda mah anu anu anu anu (nu sipatna
goreng), balikkeun ku urang. Na sia teh bet kumawani teuing nyebut
kitu ka indung dewek? Nyaho ti mana indung dewek boga sipat kitu? Naha
maneh suka mun boga indung digogoreng deungeun, kituh!


On Fri, 5 Nov 2004 18:12:49 -0800 (PST), Jalaksana Kertapati
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sim kuring janten panasaran kana hal eta, ari
> saleresna sajarah hal eta teh ti mana kawitna, sareng
> kumaha atuh ngilangkeun stigma eta teh, ari pamadegan
> sim kuring mah kana hal eta teh kumaha jalmina
> panginten nya. Ari urang jawa ka urang jawa atanapi
> urang sunda ka urang sunda na tara jadi masalah, pan
> eta sami-sami keneh ngandung stigma rek di kumawasa?
> Na ari urang rada sesah kitu ngilangkeun rasa terjajah
> teh (nganggo istilah ti babaturan urng batak tea.
> Kumaha tah ka para kanca di pilemburan, kumaha tah.

-- 
kumi


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke