Wa'alaikum salam,

Bagea Kang Jaka, ngiring bingah, salira dipernahkeun di bagian warta 
humaniora. Tinangtu bae baris seueur hal-hal anu tiasa diselapkeun 
atawa dituliskeun khusus dina eta rubrik. Ngeunaan bahan tina budaya 
Tatar Sunda kanggo nulis di dinya, asana moal kakurangan, salila 
salira kersa komunikasi atanapi "link" sareng inohong-inohong 
kabudayaan Tatar Sunda, kayaning Kang Ayip Rosidi, Abah Surya, Kang 
Saini KM, Kang Jacob Sumardjo, jrrd. Pikeun ngahubungan aranjeunna 
bawiraos seueur anggota milist anu tiasa ngabantosan (Insya Alloh 
sim kuring oge upama diperedih mah tiasa rumojong).

Dina lebah jejer (topik), jejer-jejer dina arsip file di ieu milist 
atawa milist kasundaan sanesna tiasa dijadikeun lawang saketeng 
("entri point")-na. Mangga, kalintang saena ieu kasempetan anu 
dipayunan ku salira teh. Jalaran, sakumaha numutkeun Kang Saini KM, 
oge inohong sanesna, krisis bangsa urang sajatina ngarupakeun krisis 
moral jeung kabudayaan, kalawan nya nya widang humaniora anu tiasa 
ngobatan ieu krisis, sok sanaos heunteu tiasa sakumaha babasan, "pok
torolong". 

Widang humaniora (ajen-inajen tradisi, sajarah, "kepurbakalaan", 
bahasa jeung aksara daerah, jeung kasenian) geus leuwih ti 32 tahun 
di kagigirkeun, heunteu meunang perhatian anu sakuduna dina 
pangwangunan bangsa urang. Emut keneh kapungkur, di kampus-kampus 
malah anu digegedekeun teh olah raga. Beda jeung di LN anu 
ngawajibkeun kuliah filsafat jeung seni di paguron luhur. Kukituna, 
sacara budaya urang heunteu siap nyanghareupan parobahan jaman ku 
ayana pangwangunan (anu salila 32 taun rada nyanggereng ka 
kapitalisme). Ceuk WS Rendra mah, bangsa urang satutasna kamerdekaan 
heunteu hasil ngawangun dialog kabudayaan jeung budaya-budaya anu 
datang ti luar (kapitalisme, globalisasi, jrrd). Anu kajadian nya 
moral saperti: KKN, "aji mumpung", ngautamakeun gengsi, "hedonisme", 
jeung dulur-dulurna.

Ngawangun jatidir bangsa, sakuduna dimimitian deui ku ngahaeutkeun 
atikan humaniora. Majalah atawa koran ngarupakeun sarana atikan 
informal anu kalintang ageung pangaruhna dina ngawangun sikep 
publik, anu sacara lalaunan tiasa ngarobih jatidiri masyarakat ka 
jihat ani leuwih siap mayunan parobahan atawa tantangan kamajuan 
jaman. Mangga si kuring ngorojong pisan kana pamaksadan.

Baktos,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Assalamu alaikum, 
> 
> Alhamdulillah, geuning seueur dulur nu kersa nulung.
> Perkawis Kian Santang, eta mangrupi 'proyek' pribadi.
> Nyobi-nyobi tutulisan. 
> 
> Nu sanesna, kaleresan abdi teh nembe ngalih ti berita2
> pulitik ka berita-berita humaniora, budaya jjrd.
> Sapertos nu aya di rubrik "Selingan" majalah TEMPO. Nu
> mawi sering pisan kirang ide teh. Tah, upami kaleresan
> aya hal-hal kasundaan nu tiasa "di Selingan-keun" sim
> kuring kacida bungahna. Mung nya kitu wae, ulah males
> masihan info ka simkuring. 
> 
> 
> Darmawan Sepriyossa
> 
> 
> 
> > >           
> > > __________________________________ 
> > > Do you Yahoo!? 
> > > Check out the new Yahoo! Front Page. 
> > > www.yahoo.com
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke