Haturan Neng Anita, pasti geulis sareng bodasnya..! sanes urang sunda mah sok gareulis..... Mangga bade ngiringan di lembur kusnet, seueur jajaka gandang  neng..!, seueur oge jajaka tarangna, aya oge jajaka kapaksa,.....he he.
.Mangga tong asa2 der waenya.......Mung kedah ngintun foto, bade Sapangadegan mangga, bade sapotong mangga, tah upami teu ngintun moal diaku neng...!he he
Sareng ulah heran ulah pundung, milis ieu mah sok ngaburayot, moal kawadahan.......mangga geura. Atuh ngenalkeun oge si teteh anu aya di wetan, nuju buburuh.....mangga diantos postinganana......
 
Salam
teh tien

Anita Rohani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

hapunteun anu kasuhun sateuacanna sim kuring t�h kamari ujug-ujug nyebat "abdi reeus janteun wanoja sunda" bari jeung teu acan  wawanohan heula, tah ayeuna abdi bade ngawanohkeun maneh, sugan we atuh aya nu tos kenal ka abdi sateuacanna jeung saha nu terang pan boa-boa aya nu bogoh  ceuk paribasa oge pan mun teu wanoh moal bogoh.

wasta sim kuring Anita, asli URANG SUNDA pituin ti cililin kabupaten bandung (aya urang cililin?) yuswa nembe 18 taun, ayeuna kuliah semester hiji di UPI Bandung (kapungkur mah IKIP) kaleresan nyandak jurusan favorit abdi nyaeta jurusan BASA JEUNG SASTRA SUNDA. naon deui nya......?

ah, sementawis sakitu heula we nu kapihatur insya Allah sanes waktos di sambung deui.

CAG.....!!!


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke