|
Ceramah jang lebaran geus dibacakeun ayeuna...
matak lieur nu macana,
eta jeung aya nyabit2 hutang CD deuih, kamari ku
uing geus rek dibere CD urut nu warna coklat urut popotongan beheula, berenda
deuih,
tapi malah ditolak... majarkeun teh bau cenah,
ngahaja uing mah mere nu bau teh.... hehehe...
ngke mah tong ka batam deui siah
ahh...
matak ngariweuhkeun urang batam, keun ngke mah uing
nu ka lobam,
hayang taun baruan dikampung euy....
awas siaahhhh mun teu dibageakeun.....
Panzi
----- Original Message -----
Assalamualakum Wr. Wb,,, Punten ahhh tadi teh teu sempet
taeun heula da kedah naeunan heula padamelan.. Wilujeng dinten Senen ka
sakumna Wadya Leboys lan Legirsns, oge baraya salembur, sareng Baraya anu
di Batam Kangge Bah Jaka, Teh Lilies, teras saha deui tadi teh nya, ka
sakumna sadaya anu barede marudik oge nu masih keneh keukeuh macul wae,
sareng anu aya di kotana sewang sewangan..
sami sami sim kuring oge
neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak
ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy bin guyon tea,
iwal ti ka Kang Haji Toni sareng kang UStadz Panzi mah eta mah seurieus..
heuheuheu... hayang ngalelepkeun... sareng tos tangtos sim kuring nyalira
ngahapunteun ka sadayana, da tos gnartos teu aya anu gaduh niatan bade
naeun kana taeun sim kuring..
Oge, ka sakumna Baraya anu di
Batam, sim kuring Nyuhungkeun dihapunten pisan rehna geuningan salamet oge
dugi ka Batam, janten wae tuang buka puasa di Hotel, teras ngiring
ngaraosan ngopi di Cafe... sanajan awak cararafe oge keun wae ahh da
geuningan ngarumpul sadayana, tuang kari am, ngopi kari rot....
hehehee..
HAtur nuhun pisan ka sadayna baraya Batam anu tos nyambat sim
kuring kalayan pinuh ku kanyaah, benten da ari nyambut anu kasep mah..
hehehee... tapi ka kang Nzi, kahade tong poho hutang CD kosong nya?
hehehehehee... tadinamah hariwang bakalan teu aya deui Speed, mangkaning
balad anu ti Lobam tos piwarang tipayun, Kang Deviana Syam ( anjeuna teh
urang asli Riau, mung tas 10 taun di Bandung, sareng sok nineung wae ka
kota Bandung cenah.. ), tapi Alhamdulillah aya oge Speed, sanaos sarba
katinggaleun oge.. teu nyandak gentos teu nyandak nanaon... aneh ari
rokomah mani geus dina saku wae.. heheheee... sareng untung deuih dompet
oge dina saku, sanaos kosong ngan nyesa nocheng.. untung ku jikun ATM na
disimpen dina dompet kuirng, jadi wae salamet uih deui ka Lobam teu kedah
ngojay... ;p
Kang Dian sarimbit, kang Nzi, kang Iyan, Kang Hilman, Kang
Roni, Kang Yuki, Kang Munir, Kang Agus ( Juragan Teac ), Neng Mvi, Neng
Mpuj anu demplon, Teh Rina, NEng Iis Hehee, mamahna Kenzi, Neng Mvi,
sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun ku pangbagenana ka sim kuring oge kang
Dev, urang Lobam... urang Kampung, tapi lumayan euy sigana si KAng Dev mah
mindeng ulinan ka kota jadi teu cungah cingeuh teuing kawas
uing hehehehee..
Kangge Neng Mvi anu nuju ngusahakeun janten demplon
oge sareng Neng Mpuj anu masih demplon ( asyik kan? ), oge kang Agus.. Pun
jikun sareng Amey oge ngahaturkeun nuhun kana kintunannana... punten cenah
teu tiasa ngiringan da palaur riweuh Amey teu tiasa bobo upami ditempat
sanes.. ke sataunna Amey, Insya Allah bade diajak ameng ka Batam upami
Ayahna Amey kenging Rijki anu langkung, oge kangge kang Agus, hatur nuhun
pisan kana oleh oleh na... enak cenah... saur AMey.. Bonekanya lucu...
kayak Tante Mvi.. jadinya Amey gigit gigit geli Bonekanya kaya Ayah lagi
ngehayal gigitin tante Mvi... oge pun jikuntungtungna nagih kedah
mangmeserkeun acuk warna bulao, da kengingna kamari warna bulao..
katempuhan wae teuh Mpuj, kudu mangmeulikeun deui baju anyar jang Bundana
Amey... deuh...
deuh naon deuinya?? ahh pokona mah bingah, bagja,
Reueus kacida lah, tiasa ngempeul di Batam.. aeh muhun KAng Dev,
hampura euy balik tiheula, da jangji ka Jikun samemeh Ashar geus balik...
kudunamah isuk isuk balikna cenah... ngan eta panasaran ku Neng Mvi.. sugan
teh rek taeun.. ari pek teh geuningan kangge Amey ari jang bapaknamah
euweuh euy.... hehehe... hampura nya kang Nya.....!
Baktosna, Cecep
Wahyu + Jikun+ Amey.... PutKar teu ngiringan da duka dimana
dan kumaha...
* nyaanan kawaregan euy nepikeun ka teu bisa hudang
oge males
Shaur...
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|