Sim kuring mah bingung keneh, dimana atuh Cimalati teh di Sukabumina. Naha di Sirnaraga atanapi di Balikpapan. Upami tiasa mah pasihan petana? Teras kumaha ka Cimalati teh ti terminal umum. Maklum da abdi mah teu gaduh delman-delman acan. Teras, abdi teh kantos ningal kaos urangsunda.com sareng kusnet di ITB dimana ngagaleuhna Kang? Abdii --- In [EMAIL PROTECTED], E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum wr. wb. > > Mangga bilih aya anu teuacan daftar kanggo engke > dicimalati. > > --------------------------------------- > Kahatur, > Para wargi sadaya, komunitas urang Sunda di Internet. > > Sakumaha anu sateuacanna kantos didugikeun sarta > kauninga ku sadaya, > yen aya rarancang Kongres (ngawangkong teu > beres-beres) Komunitas urang Sunda > di Internet (Kusnet)/Yayasan Perceka, sakantenan halal > bihalal/silaturahmi > nyambut Boboran Siam 1425 H. Ku kituna, saparantosna > badami itu ieu > sareng sajabina, simkuring ti rengrengan nu kapeto > janten panitia ieu acara, > ngabewarakeun sarta ngulem ka sadaya wargi kanggo > sumping dina acara > dimaksad nu insyaAlloh seja lumangsung dina > > Dinten : Saptu, ping 27 Nopember 2004 > Tempat : Taman Rekreasi Cimalati (Sukabumi) > Waktos : tabuh 10.00 dugika rengse > > Sim abdi saparakanca tirengrengan panitya halal bi > halal ageung anu di > pihareup kana kasumpingan sadaya wargi dina waktosna. > Jalaran keperyogian administrasi, sasayagian konsumsi > sareng sajabina, > kanggo para wargi anu rencana bade ngiring ngaluuhan > eta acara, > disuhunkeun karidoan manahna kanggo ngeusian formulir > pendaftaran (conto formulir aya dihandap). > Sakitu anu kapihatur, wilujeng tepang di Cimalati. > > > Bogor, 8 November 2004 > Pupuhu Panitya > > Eko R. Nugraha > ----------------------------------------- > > Catetan: > * Panitya nyayagikeun 30 `panyangcang hate' oleh-oleh > ti Korea kanggo anu sumping pangpayunna > * Kanggo anu nganggo kaos Kusnet atanapi kaos anu > nyumiratkeun kareueus kana kasundaan, haratis lebet ka > Taman Rekreasi Cimalati) > > -------------------------------------------- > Formulir Pendaftaran > -------------------------------------------- > WASTA : Eko Ruska Nugraha > PADUMUKAN: Bogor > JUMLAH*: Dewasa �2� (jalmi) > Murangkalih .1. (jalmi) > SARANA TRANSPORTASI**: (Umum) pribadi atanapi umum? > TITIK BERANGKAT***: Bogor > > Mangga Formulir pendafataran di kintun ka email : > [EMAIL PROTECTED] > > > ===== > ----------------------------- > http://www.urang-sunda.or.id > ----------------------------- > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Check out the new Yahoo! Front Page. > www.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

