Ka Kang Akos sakulawargi hatur nuhun pisan Kang janten sohibul bait bukber Saptu kamari. Ari kamari teh sabenernamah urang teh tepung munggaran, tapi da geuning asa geus lila sosobatan nu matak langsung we uplek ngobrol ngabahas kaditu kadieu pokona mah nu tumali jeung US. Tina obrolan kamari halpenting nu katangkep ku sim kuring mah nyaeta kumaha nyanghareupan Cimalati. Nu kabayang mah di Cimalati teh US boga udagan rencana & program US nu gede. Ti dinya aya pamikiran perluna US di Jakarta nyieun "program kerja" nu kajeungkal, "realistis", bisa dipigawe bari kaudag hasilna dumasar kana kaayaan: (1) lobana & "variasi" pacabakan US di Jakarta; (2) kaunggulan (& kalemahan) lokasi di ibu kota. Tangtosna oge US nu di tempat/lokasi sanes tiasa mola nu sarua.
Kamari tiluan diobrolkeun oge kira-kira udagan & program nu bisa dianggap "realistis" keur US di Jakarta. Conto rencana gawe nu praktis: (1) nyieun kabiasaan/budaya mancakaki/silaturahmi sasama US, ngaleungitkeun "mental block", panggih teh mun aya perlu wungkul. Keur nu diluhur ulah sieun kasemahan, nyangka rek aya nu pepenta, keur nu di handap oge ulah minder mun nyemah ka nu luhur, ulah epes meer sieun teu di lieuk.
(2) Kaji (talungtik?) "handap asor". Kulantaran ceuk Kang Akos di kusnet teh loba "jelema gede", atuh mun nepangkeun teh asa kurang pas (teu diwates keur nu neangan gawe) mun make kecap "ngorehan", "macul" jste. Kumaha mun terus terang we sebutkeun: pendidikan kuring...., kaahlian....., minat ......... Sugan atuh mun terus terang mah aya dulur US nu nuduhkeun komo mun nga"rekrut" mah...
Asa seueur keneh ide-ide nu dibadungdengkeun waktos bukber kamari teh, ngan eta geuning hese dikedalkeunana, tuh pan kacirinya sim kuring teu biasa nulis tereh...masih loba ngahulengna....
Ke hiji deui nu perlu US di Jakarta dibahas teh, rencana indit babarengan ka Cimalati. Nu tos kaetang mah Insya Allah aya 2 kijang...
salam
TCW
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Icho, kang Dhanny oge sadaya baraya,
anu cios dongkap ka rorompok saptu sonten kamari teh
kang Tirta sareng kang Agus (PAKUSARAKAN).Kang Kamal
Idris teu cios sumping kumargi anjeuna nuju teu damang
(mugia sing enggal damang bae kang Kamal).
Seeur pisan anu diobrolkeun mah, mung sim kuring nuju
pakepuk pisan di padamelan, janten teu tiasa
didongengkeun ayuena. Keun engke bae cariosan na mah.
Salah sawios anu di obrolkeun teh perkawis rencana
indit sasarengan ka Cimalati kanggo baraya anu di
Jakarta. Kumaha, aya anu bade ngiring sasarengan?
Sakitu heula samentawis wartosna, hatur nuhun..
baktos akos
--- Icho <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten Kang Dani... Kang Akos sohibul bait, oge Kang
> Kamal. sareng sadayana nu tiasa kempel bukber dinten
> sabtu kamari....
> Abdi mah teu tiasa ngiringan, da jumat enjing na
> tiba2 we aya talipung ti mitoha.. anjeuna hoyong di
> rencangan ka mangga dua dinten sabtu..
> jadi we dinten sabtu na jalan2 ka Mangga dua dugi ka
> sonten
> capeee.. jadi teu tiasa ka mana2 deui..
>
> wilujeng ka sadayana nu tiasa tepang di bumi kang
> Akos..
>
> /Icho/
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Dhanny Kurnia
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Monday, November 08, 2004 7:25 AM
> Subject: [Urang Sunda] Carita Buka di Kang
> Akos.......
>
>
> Dinten saptu kamari teh aya Nini ti Ciamis
> ngalongok incu di Jakarta, janten teu tiasa ngiring
> acara open tugeder di bumina Kang Akos di Jakarta,
> eta oge dinten jumaah pasisiang aya Kang Akos
> nelepon ngadon ngabibita, pajarkeun teh cenah tos
> disayagikeun sorabi Bandung sareng Gurame goreng
> spesial, alah..matak Kabita nu aya.
> Saptu tabuh 5 sonten nelepon ka Kang Akos,
> sihoreng can karempel tah baraya teh, hanjakal pisan
> mangsa buka teh kusabab sono ka Nini, pleng..weh
> hilap teu nelepon deui, padahal cenah mah Inohong US
> nu aya di Jakarta rek karempel didinya, sapertos
> Kang Tirta, Kang Kamal, Teh Imas, Teh Icho, duka
> Neng Nia janten ngahadiran atanapi heunteu.
> Ku kituna ka baraya anu ngahadiran eta acara, cik
> atuh pangdongengkeun kumaha eta acara balakecrakan
> teh ....
> Diantosss....
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page.
www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

