mh wrote:
> 
> salah sahiji kaulinan urang lembur ari bulan puasa
> baheula, ari peuting tas taraweh, atawa samemeh syahur
> sok ngadulag. perkara dulag keur ulang lembur mah
> harita jigana lain ngan ukur bedug nu dijieun dina kai
> golondongan, membranna make kulit munding atawa sapi.
> tapi dulag geus jadi bagian kahirupan marenaehna,
> dimana aya tatali batin anu kuat antara dulag jeung
> batin urang lembur.
> 
Lamun dilembur kuringmah, dulag / Bedug masih aya keneh, tapi didamelna
tin drem urut minyak, kulitna kulit munding anu ngahaja disiapkeun keur
bedug lamun lebaran rayagung, babaturan bedug teh kohkol...

Sikuring ayeuna rada jauh tilembur.. pas lebaran teu mulang, terus
petingna nelpon ka lembur... aduh waas eta sora dulag... jeung anu
takbir... da kabeneran imah kolot teh hareupen masigit. 
Di lembur dugi ayeuna oge lamun ngabejaan asup waktu solat masih ku
bedug, diteruskeun ku adan. 

Keur leutik lamun bualan puasa sok waas lamun rek buka puasa, tandana ku
sora kohkol, duh eta sora kohkol mani ngurulung, pan kieu tah soranateh
Kurulung kentrung trung trung trung........ trung. Padahal eta kohkol
anu di takol teh di kaum cibeber (di kota kacamatan) anu jauhna ti
lembur kuring kurang leuwih 3.5 km mun dibawa lempeng mah (da kamari oge
waktu balik kalembur naek ojeg teh mayar 3000 ti kota kacamatan ka imah
teh,  lamun keur sakola smp mah nikreh kurang lewih 30 menit) tapi duka
kumaha eta sora kohkol atra pisan bari sok rada lapat-lapat komo mun pas
kohkol subuh duh sok jelus soranateh ngelentrung.

Kabehdeiunakeun mah tara kakuping deui eta kohkol teh, mungkin tos ka
elehken kusora recetna jalmi, kandaraan, atawa tos teu aya kohkolna deui
di kaum cibeberna.

tapi ari di masjid dilemburmah masih aya.... jadi mun lebaran mulang
kalembur teh budak sok bungaheun ngiluan nakolan bedug, pan lamun
lebaranmah sok dipindahkeun bedugna di pakarangan imah kolot.
Tos ah jadi hayang mulang......


salam
hendra



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke