|
Keom
kahiji
" Apana iraha bade kalembur teh, abdi tos
sono hoyong geura pendak !" ceuk Euis Rancunit ditungtung telepon.
" Insya Alloh enjing mih ! kumaha mamih masih
keneh puasa ?" tembal Asep Jebrag bari ngagilirkeun henpunna.
" Puguh nembe pisan kamari bocor, biasalah ari
istri mah sok aya halangan !"
" Atuh mun kitu mah moal jadi enjing kalembur teh
!"
" Naha geuning ?"
" Teu kuat atuh ari kudu puasa beurang
peuting mah !"
Keom
kadua
Neng Veronika teh salahsahiji wanoja simpenan
siaki, ngan edas unggal ditelpun kana henpunna sok melbok wae, malahan sok
dijawab kieu; "telkomsel veronika, tinggalkan pesan atau tutup telepon anda!".
Kukituna siaki ngarasa keuheul pangrasana asa disapirakeun, malahan aya
niat nek males. Hiji mangsa kaparengan neng Veronika nelpun ka siaki, atuh
gancang ku siaki dijawab; " telkomsel aki Jamhuri, tinggalkan pesan atau
putus hubungan kita!" ceuk siaki bari ngagidir bakating ku keuheul.
Keom
katilu
Hiji mangsa siaki indit ka konter henpun nek
nanyakeun sabaraha pasualan ngeunaan gangguan dina hapena.
" Neng.... geuning henpun aki mah mun narima
telpun teh sok luak leok sorana kunaon nya ?"
" Eta basa siaki keur nelpon keur gede angin teu
?"
" Puguh harita teh keur ngagelebug pisan
!"
" Mangkana mun nelpon kudu keur euweuh angin
!"
" Tapi aneh kamari nelpon keur euweuh angin, tapi
sorana tetep we luak leok katambah kekeresekan deuih ?"
" Tah mun eta mah waktu aki keur nelpon,
didituna keur hujan angin!"
Keom
kaopat
" Ki...hape teh bade nganggo hand free ?"
ceuk palayan toko ka siaki.
" Puguh we atuh neng...pan lamun aki keur joging
bisa narima telpun kalayan tumaninah !"
" Ari ditempat siaki tos aya sinyalna
?"
" Can aya neng...atuh sakalian we meuli jeung
sinyalna !"
" Ulah meser atuh ki...pindahkeun we pamancar itu
ka pipir imah siaki !" ceuk palayan bari nuduhkeun pamancar salahsahiji
operator telpon seluler.
Keom
kalima
" Bakating ku lapar dewek kamari neleg hp opat
siki euy !"
" Nu baleg euy... hp merek
naon ?"
" Hileud peuteuy....dodoool !"
" Gehel!"
Keom
kagenep
" Kamari henpun dewek dipaling ku copet dina
beus, untung kapanggih deui !"
" Kumaha caritana bisa kapanggih deui
?"
" Pas dipaling kaparengan henpon dewek disada,
apal atuh sora hape sorangan mah !"
" Nya kumaha kitu sora rings tone-na
?"
" Awas copet... awas copeeeeett !"
Keom
katujuh
SMS ti siaki
: Gw
rindu kmu say !
Dijawab ku sinini
: Sama aku jg rindu bgt !
Dibales deui ku siaki : Kpn
kta ktmu ?"
Dijawab ku
sinini : Skrg jg
boleh
Dibales deui ku siaki :
Gmna kl ditmpt biasa..?"
Dijawab deui ku sinini : Ok
Dibales deui ku
siaki : Smpai ktmu Nia syng !"
Dijawab deui ku sinini : Apah..Nia ? prsaan
gw blm gnti nma!
Dibales deui ku siaki :
Oh sori kirain...kamu [EMAIL PROTECTED]
Dijawab deui ku sinini : Oh ga apa2
kirain kmu juga Anton!
Keom
kadalapan
Aki : " Halooww nini...kade
poho siapkeun kolek jeung es kalapa ngora keur engke buka !"
Nini : " Puguh ieu ge tiisuk
meluk sibuk didapur keur nyiapkeun masakan jang buka...nya ieu ngahenpun
timana aki ?"
Aki : " Ieu didieu....ditengah
imah !"
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

