Assalamualaikum wr. wb.
 
Para wargi, sanaos boboran 3/4 dinten deui, namung kujalaran parantos seueur wargi anu parantos "No Email", katambih-tambih sim abdi oge moal lami bade "No Email" salami sasasih kujalaran bade wangsul kalembur, kikituna sam abdi timpah tipayun,
ngahaturkeun : Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1425 H,  
nyanggakeun samudaya kalepatan anu karaos sareng anu teu karaosna, mugia para wargi kersa ngahapunten tidunya dumugi ka akheratna.
Sawangsulna, kapara wargi sadaya, disuhunkeun atanapi teu disuhunkeun sim abdi ngahapunten pisan samudaya kakhilafan para wargi sadaya, insya Allah taya gantar kakaitan, estu caang wulan opat welas, jalan gede sasapuan....bersih.. lening .. teu aya geuneuk maleukmeuk....
 
Wilujeng tepang di Cimalati kanu bade/tiasa ngaluuhan halal bi halal di Cimalati, wilujeng patepang deui di dunya maya kapara wargi anu teu tiasa sumping ka Cimalati,
mugi-mugi Allah SWT marengkeun urang tepang deui sok sanaos dimana wae... Aminnnnn... ya robbal alamin...
Pihatur
ssw 

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke