Assalamu'alaikum Wr.Wb

Baraya Sadaya,

Sakedap deui urang bakal ditinggalkeun ku bulan anu saurna bulan nu pinuh ku kanikmatan, bulan nu pinuh ku barokah, bulan nu ngabogaan hiji peuting nu leuwih hade tibatan sarebu bulan, diganti ku bulan syawal, bulan kemenangan.

Urang sadaya moal apal, naha urang bakal ngalaman deui puasa di bulan ramadhan. Urang moal terang sabaraha lila urang ngalaman eta bulan, tepikeun ka nyawa pisah jeung raga.

Mudah-mudahan Ramadhan ayeuna bisa nganteurkeun urang sadayana ngaraih kahormatan disisi Mantenna, oge kacapai naon nu di cita-citakeun, nyaeta jadi jalma nu TAQWA 

Kangge satiap lisan nu kaucap, oge kangge satiap kalimah nu ngaraheutkeun hate,kangge satiap janji nu kahilapkeun, kangge hate nu geus ngabogaan sangkaan nu goreng, oge kangge sikap nu matak nganyeurikeun

 

Hal eta nu ngajadikeun sim kuring sakulawargi wantun neda dihapunteun tina sagala kalepatan

sareng 

"Hampura"  mangrupakeun salah sahiji jalan, nu ngahubungkeun hate nu papisah

 

Kumargi satiap insan di dunya teu aya nu sampurna

 

sakali deui,

Abdi, Suryalaga sareng Kulawargi

ngucapkeun

Taqobbalallahu Minna Waminkum.. Shiyamana Washiyamakum..

 

Minal Aidin Walfaidzin.. Mohon Maaf Lahir & Batin....

"Selamat Hari Raya Idul Fitri 1425H"

 

Wassalamu'alaikum. Wr. Wb.

 

Suryalaga



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke