Enya, disawang tina jihat kahirupan budaya hukum, kajadian-kajadian
sarupa kitu teh ngarupakeun buah salila 32 tahun urang hirup jero
nagara anu teu ngahargaan hukum. Biaya keur ngajegkeun hukum,
sakumaha dina pangwungan widang sejenna, kaceot siluman
atawa "penampakkan" anu ngaran "proyek" tea anu salawasna lapar
jeung hanaang, teu sebeuh-sebeuh. Enya sistem kitu teh dipiara da
ngarupakeun KKN babarengan tea, jadi hese disalahkeunna.
Ngeunaan "a time to kill", sigana kana baris kitu pamustunganna teh
salila sistem kahirupan "bernegara jeung berbangsa" heunteu diropea.
Ulah dikira, ngaropea meoral oge perlu ku modal jeung biaya
disagigireun kreativitas budaya (manajeman pamarentahan).
Sarimbag jeung "a time to kill" sigana hadist ngeunaan jelama-jelema
(miskin, katideresa) anu dina hiji waktu geus embungeun dibere
(sidqoh, jsb) ku nu jaregud, tinimbang mere malah nagih getih;
sigana oge baris kabuktian sababaraha waktu kahareup. Sabab jelema-
jelama anu jegud loba anu teu nolih kana urusan maranehanna (anu
miskin). Rajeun aya kadaek mere maweh,m rada kasimbutan ku maksud-
maksud sejen, kayaning ngawangun status sosial jeung politik.
Ngeunaan "pendatang", mukimin jeung kaamanan lingkungan di Kota
Bandung jeung kota-kota sejenna di Jabar, aya sababaraha catetan:
1. GIBAS heunteu bisa diandelkeun, malah dina kajadian wanoja urang
anu digebruskeun ka walungan iru organisasi teh teu lemek teu
nyarek; pon kitu deui dina urusan PKL jeung kamacetan lalulintas di
Bandung, siga anu nyalindungan PKL "pendatang" (oge trayek angkot);
2. Tadina rada neundeun harepan kana "gebrakan" Puragabaya-na Kang
Acil Bimbo saparakanca, tapi geuning asa teu acan kapiresep deui
ketakna soal kajadian anu digebruskeun ka leuwi teh. Muga-muga bae
ka hareup aya lajuninglakuna, boh dina urusan nu eta atawa sacara
umum kamanan lingkungan di kota Bandung;
3. Pamarentah di Jabar, khususna di kota-kota gede di Jabar, utamana
pisan di Kota Bandung, perlu ngondang pupuhu pakumpulan
masayarakat "pendatang", tuluy ngayakeun kontrak sosial jeung
tanggungjawab maranehanna ka anggota-anggotana sangkan ulah nyieun
kaributan jeung ngaganggu kaamanan kota. Oge dina eta kontrak sosial
kudu aya pangebreh kasanggupan maranehanna pikeun nertibkeun,
nangkeup jeung nindak-hukum (alusna pake hukum adat budayana atawa
hukum adat Sunda) ka anggotana anu nyieun kaributan, ngaganggu
kaamanan atawa ngalakukeun kajahatan saperti mateni teu karana
alesan anu bener.
Cag.
Baktosna,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun hayang nagndelkeun premanna tea mah, urang teh boga GIBAS
lin?
> Duh Gusti... mugi2 nu janten korban dipaparin kasabaran sareng
> katabahan dina nandangan ieu cocobi...
> Nu boga dosa, mudah2an dipaparin jalan tobat, dihukum sabeurat-
beuratna! aamiin!
>
>
> On Wed, 10 Nov 2004 02:16:02 +0000 (GMT), Tirta widjaja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Pemerkosa nu ngancurkeun hirup Mawar jeung Malati...
> > Preman nu ngunclungkeun & maehan santri Aa Gym..
> > ..bayar kontan ku langsung dipancung atawa didor we lah, ulah
teuing make
> > disidik, dituntut, jst.
> > Kontan we lah kawas dina pilem A Time to Kill
>
> --
> kumi
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/