Ngawitan dinten Jumaah, 12 Nopember 2004 dugikeun ka kaping 17-na, simkuring bade nyalingker heula ka lembur di Cianjur, Kota Teroris tea, bade diajar masang bom... hehehe... teras bade ka Bandung oge... bade masang bom.... try out sugan... tah kumargi simkuring liliaran kitu, maksad teh simkuring bade no-mail heula, bilih email acc simkuring teu ngabeledug engkena...

 

Mung simkuring teu hilap ngahaturkeun Wilujeng Boboran Siam 1425 H kanggo sadayanna kulawargi Babakan Kusnet. Mugia amal ibadah urang sadayana ditampi kalayan ridho ku Pangeran. Neda panghapunten tina sadaya kalepatan utamina mah dina sagala rupi tulisan & cariosan simkuring anu tangtos matak ngaraheutkeun manah dulur sadayana, mugiq teu aya nu kedah ditranfusi kualatan simkuring sok ngaku-ngaku jeger, sanes kitu?

 

Ka anu bade mudik ka lemburna sewang-sewangan, mugi sing salamet dugikeun ka tempat anu dijujug tur salamet mulih dieu ka asalna.

 

Mangga ahhh…ciao heula…adios amigos permiossss...

 

 

 

Baktos ti Adul Jeger



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke