heuuheeuuuuuyy.............
--- In [EMAIL PROTECTED], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kumis Baplang
> Jang Dadang bujang gandang urang Sela Gedang, gandang lantaran boga
kumis baplang sangadulang. Najan gandang geuning teu jadi jaminan
payu ka mojang lenjang. Kukituna sakapeung sok humandear tur ngarasa
kaluman lantaran geus lana teuing ngabujang. Manehna hariwang lamun
lila teuing ngabujang pakarangna bisi karatan lantaran lila teuing
dina jero sayang. Lain teu hayang cenah neangan ubar karatan disisi
jalan tapi inggis kubisi rempan kusugan. Keun wae cenah pakarangna
karatan tur pipi karadak jarawatan, daripada kudu mayar tur
ngeunahna ngan saentragan bari ahirna pakarangna panyakitan.
>
> Sabar jeung sabar , sugan jeung sugan sabada lebaran, aya mojang
lenjang kumalayang tur eunteup dina sayang jang Dadang. Lamun tea
mah aya, meureun ku jang Dadang teh langsung diajak makalangan tur
diajak galungan sabada walimahan sarta diajak lalayaran ngambah
sagara kaendahan dina mangsa peuting munggaran.
>
> Sakedetan tarang jang Dadang kerung sorangan, mikiran nu bakal
karandapan, naha mun boga pamajikan bakal kaparaban kalayan hirup
bisa senang sabab keur sorangan ge mungguh ripuh loba kahayang nu can
kasorang, komo deui geus maraban duaan jeung pamajikan, asa pamohalan
bakal senang lantaran jang Dadang masih pangangguran alias can boga
pakasaban.
>
> Dasar gurat awak sisit kadal, nu didago dago tacan jonghok, nu
lenjang tacan kabandang, kitu deui nu bahenol can wae norojol,
nongtot jodo kasebutna dicap jomlo salilana.
> " Boa boa enya Euis Bohay nampik sapajodogan teh gara-gara kumis
aing!" gerentes jang Dadang bari ngusapan kumis baplangna. Najan ceuk
paribasa, lalaki mah ditampik paranti ditolak biasa, tapi tetep we
mun karandapan sok ngajedug kana jajantung, ngaganjel kana angen,
hate peurih asa digerihan, kitu nu karandapan ku jang Dadang harita.
> " Cik atuh mun nolak mah nolak we, ulah tudah tuduh kana kumis
sagala anu teu tua teu dosa !" ceuk jang Dadang gegerendengan
sorangan, basa ras inget deui ka ucapan Euis Bohay, anu nolak cintana
kalayan dibumbuan ku alesan sieun digadil ku kumisna lamun seug
manehna jadi beubeureuhna.
>
> Bakating kuhayang ngabandang Euis Bohay anu super herang,
kabejakeun jang Dadang luluasan ngurud kumisna anu baplang. Leumpang
ngagandeuang seja nepangan sang mojang anu lenjang. Sanggeus nepi
kapakarangan, kasampak Euis Bohay keur dikaleng ku sang juragan bari
terus sing sulusup kana sedan. Biur indit ngadon senang senang duaan.
Hate jang Dadang kumalayang, cimata teu karasa ngeumbeung
ngagenclang, hanas kumisna geus bolenang tapi simojang tetep teu
kabandang, malahan geus dikeukeuweuk ku juragan anu cenah boga pabrik
mobil sedan, anu kumisna geuning leuwih baplang ti jang Dadang.
>
> Deudeuh teuing jang Dadang iraha atuh nek mungkas ngabujang, naha
nungguan jadi deui kumis baplang atawa nungguan boga mobil kijang ?
(SR)
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/