MUPU KEMBANG ( Pangajaran) sumber nyandak ti; http://www.galura.com/kamus.htm
Latihan basa Baca dong�ng di handap ieu! Kuya jeung Mony�t "Sakadang kuya! Sakadang kuya!," ceuk mony�t. "Huk!"t�mbal kuya. "Urang maling cab� yu!" "Maling cab� ka mana?" "Ka dinya ka kebon bapa tani. Geura arasak cab�na!" "Hayu atuh. Tapi ulah geruh,nya!" Tuluy sakadang kuya jeung sakadang mony�t ka kebon cab�. Bus arabus nobros tina pager. Mony�t ngaweswes ngahakanan cab�, bari tuluy culang-cileung sieuneun kaperego. Atuh pipina rempih, beuteungna geus bungkiang. Mony�t t�h ladaeun, gorowok wa� seuhah-seuhahan. "Seuhah lata-lata! Seuhah lata-lata!" "His, ulah gareuwah sakadang mony�t!" "Seuhah lata-lata!" Kad�ngeun ku nu boga kebon, geuwat norojol ti saung. Mony�t ngabecir lumpat, ari kuya mah beunang dit�wak ku bapa tani, dibawa ka imahna. Ceuk bapa tani:"Barudak!tah beunang kuya nu sok malingan cab� t�h. Kurungan ku ranggap, isuk urang peuncit!" Panc�n! a. Baca dong�ng ku duaan, anu saurang minangka mony�tna, ari nu saurang deui minangka kuya. b. Dong�ng anu bieu t�h, ku hidep petakeun bari ngomong cara kuya jeung mony�t t�a. Kudu aya nu jadi bapa tanina deui saurang. c. Jawab panal�k di handap ieu! 1. Diajak naon kuya t�h ku mony�t? 2. Ngajak naon mony�t t�h ka kuya? 3. Ka mana r�k maraling cab�na t�h? 4. Cab� saha nu r�k dipalingna t�h? 5. Da�kkeun kuya diajak maling cab� t�h? 6. Naha cenah mony�t ulah geruh? 7. Ti mana arasupna ka kebon t�h? 8. Naon ayeuna mony�t t�h gaw�na? 9. Kumaha ari geus r�a dahar cab�na? 10. Saha nu kat�wak ku patani? 11. Kumaha ari mony�t? 12. Dibawa ka mana kuya ku patani? 13. Kumaha ceuk patani ka anakna? d. Tengetan kecap-kecap tina dong�ng t�a t�h! maling, jadi maraling, nya �ta kaselapan ar di tengahna. abus jadi arabus Mandi jadi marandi balik jadi baralik. Ayeuna p�k t�angan kecap di handap nu ngabogaan ar jiga conto t�a. Garis di handapna. 1. Hayam t�h geus para�h deui wa�. 2. Unggal lebaran sok nyareungeut pepetasan. 3. Ulah diuk di dinya gareuleuh, parindah ka darieu! 4. Ku maran�h kudu dicarekelan sukuna. 5. Pedangna t�h har�rang jeung sareukeut deui. 6. Singgarancang leumpangna! 7. Geus daratang anu nyaraba ka gunung t�h? 8. Lain ka garunung da kakarawah. 9. Sarungna r�a nu saro�h bitisna rarag�t. 10. Anu digaraw� ngariung di buruan. Meunang urang nyebut marandi lamun nu mandina ngan saurang? Jadi nuduhkeun naon atuh �ta -ar- anu dina kecap-kecap anu tadi t�h? e. Eusian ku kecap pasanganna nu biasa kitu!Contona : beuteung kempleng, hujan ngepruy. ... gahgar ... mutiktrik ... ungger ... ngabulungbung ... nakleuk ... nangtawing ... canembrang ... cakial Cadangan bilih kirang Ngaran Wanci Memeh jalma di pilemburan ngabogaan jam atawa beker, umumna masarakat di pilemburan ngagunakeun wanci minangka tanggara dina sapoe sapeuting. Kiwari sanajan geus loba jam atawa weker oge ari di lembur mah masih keneh diparake. Upamana dina omongan sapopoe: 1.Kira-kira pecat sawed Mang Salhiam indit ka kotana teh. 2. Budak teh sakieu geus sareupna ulin keneh bae! 3.Bi Inah kongkorongok hayam sakali teh geus indit ka pasar. Wanci-wanci dina sapoe sapeuting teh kieu. tengah peuting kira-kira tabuh 24.00 usum tumorek kira-kira tabuh 24.30 janari leutik kira-kira tabuh 01.30 janari gede kira-kira tabuh 02.00 disada rorongkeng (kongkorongok hayam sakali kira-kira tabuh 02.30 haliwawar kira-kira tabuh 03.00 kongkorongok hayam dua kali kira-kira 03.30 janari kira-kira 04.00 subuh kira-kira tabuh 04.30 balebat kira-kira tabuh 05.00 carangcang tihang kira-kira tabuh 05.30 isuk-isuk kira-kira tabuh 06.00 murag ciibun kira-kira tabuh 07.00 pecat sawed kira-kira tabuh 09.00 haneut moyan kira-kira tabuh 10.00 rumangsang kira-kira tabuh 11.00 tengah poe/lohor kira-kira tabuh 12.00 mengok kira-kira tabuh 13.00 lingsir ngulon kira-kira tabuh 14.00 asar kira-kira tabuh 15.00 paososore kira-kira tabuh 16.00 ngampih laleur kira-kira tabuh 17.00 tunggang gunung kira-kira tabuh 17.30 sariak layung kira-kira tabuh 18.00 sareupna/ magrib kira-kira tabuh 18.15 harieum beungeut kira-kira tabuh 18.30 isa kira-kira tabuh 19.00 sareureuh budak kira-kira 21.00 sareureuh kolot kira-kira tabuh 21.30 peuting kira-kira tabuh 23.00 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

