****************************************************
Bagja kang sofjan!

Hapunten, nun! ooowww turung gunung kituhnya Kang!...hehehehe
Ningan Kang Sofjan oge jarambah tah, meuni ka toko emas sagala
deuih....heuheuehue....
Muhun Kang, hayu atuh urang silih gugahkeun nu masih talibra, urang
teh sugan bae bisa nyumbangkeun elmu pangaweruh atawa kabisa dina
memerenah TS keur kamajuan US sapuratina.

Pihaturna,

-pun adi-
**********************************************
On Thu, 25 Nov 2004 10:15:05 +0000 (GMT), sofjan nanda
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Hatur nuhun Kang Rudy, geuning meuni lampar kitu,
> nuju naon tah di Abu Dhabi, ari Abu Dhabi sok emut ka
> pun bojo mun dianteur ka toko emas teh teu sirikna
> cindeukul be di loker emas abu dhabi teh, mun teu
> geunggeureuhken mah sigana betah sapoe jeput ge.
> Saleresna abdi mah wargi heubeul di lembur KUSnet teh,
> mung rada lami tapa, nembe lebet deui saatos lebaran.
> Padumukan mah di Antapani Bandung, mung didamel di
> Jakarta.
> Sok ah urang sami-sami ngareah reah lembur KUSnet,
> silih simbeuhan, urang pulungan anu saena
> 
> baktosna,
> MS
> 
> --- Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> **********************************************************
> > Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> > Minal aidin walfa idzin!
> >
> > Haturan baraya  babakan, khususon kang Irwan lan
> > kang Sofjan.
> >
> > Bungah amarwatasuta!, Nepangkeun akang-akang, sim
> > kuring wasta rudy,
> > nuju buburuh di abu dhabi!, di ieu babakan katelah
> > na mah pun adi mun
> > di warung leboy mah juragan onta (... hehhehe...
> > teuing ah! da teu
> > ngarasa jadi juragan kuring mah).
> > Aya ku reureus eta si kuring teh, unggal ngalongokan
> > lembur teh ningan
> > asa jul-jol baraya anyar. Nya sugan we atuh
> > akang-akang tur
> > ceuceu-ceuceu teh sing baretah, sing tumaninah, sing
> > mangfaat bae
> > ayana ieu lembur teh ([EMAIL PROTECTED] &
> > [EMAIL PROTECTED]).
> > ....jadi sakaterang kuring urang dusun olo leho nu
> > bau lisung, milis
> > kasudaan nu di angken ku mayoritas US nu di alam
> > maya teh, aya tilu...
> > urangsunda & kisunda (ieu katelah na babakan atawa
> > lembur), saenya na
> > dua milis ieu mah kanggo mairan nu sifatna daria bin
> > sarius (tapi keom
> > bin barakatak oge sakapeung mah meunang siga na mah
> > ) nu hontalanna
> > teh keur mulasarakeun jeung ngamajuan kasundaan
> > urang pikeun bisa
> > saluyu jeung kaayaan jaman ...... Tah aya hiji deui
> > milis teh, nyaeta
> > [EMAIL PROTECTED] (cenah na mah aya beja ti
> > nu boga warung nek
> > pindah tempat, da kapan cenah kagusur  tempat na
> > pedah rek di pake
> > proyek gaganti TPA bojong tea, heuheuheuhe), tah ari
> > nu ieu nu katelah
> > na warung teh..... jadi di ibarat keun warung nu aya
> > di lembur tea, da
> > nu aya didieu warung teh kirang langkung
> > baraya-baraya urang lembur
> > oge. Katelah na oge warung....jadi ulah reuwas mun
> > satekah polah na
> > baraya di ieu warung teh, silih sepet, gogonjagan
> > silih bekok
> > (kitu)... pokona mah ulah benduan bae di ieu warung
> > mah da niatan na
> > oge warung ieu teh keur miceun kasutres.... jadi
> > istilah na mah ieu
> > teh ambeh bisa nempat keun mana nu daria mana
> > ocon... Tah sakitu bae
> > pangwanoh ti sim kuring mah. Mangga lajengkeun deui.
> >
> > Baktos na,
> >
> > -pun adi-
> > ***********************************************
> > On Thu, 25 Nov 2004 04:08:11 +0000 (GMT), sofjan
> > nanda
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > haturan Kang Irwan, sok ah urang rameken warung
> > > KUSnet teh, linggih di mana Kang ?
> > >
> > > --- "Irwan I. Sutisna"
> > <[EMAIL PROTECTED]>
> > > wrote:
> > > > kang sofjan, nepangkeun abdi Irwan "murid baru"
> > di
> > > > ieu warung.
> > > >
> > > > Irwan I. Sutisna
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > --
> > > > Irwan I. Sutisna
> >
> 
> ________________________________________________________________________
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
> http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke