inget jaman keur budak. biasana maca wawacan sok
dipake keur maturan anu anyar orokan. harita mah asa
resep pisan ngabandungan wawacan teh. jigana pedah
taya hiburan lain. anyar-anyar ieu sanggeus nitenan
pupuh 17, karek eungeuh, geuning wawacan teh diwangun
ku metrum pupuh. simanahoreng pupuh teh minangka
dadasar
keur ngawangun sastra sunda buhun, kayaning wawacan,
pantun, jeung sajabana. 

jigana kiwari wawacan geus jadi barang langka. sabab
geus kasilep ku doraemon, sincan, jeung sabangsana. 

kulantaran kitu, kuring nyobaan nyieun situs conto
salah sahiji wawacan, anu judulna "gagak lumayung".
naskah asalna kenging ti ua sasmita. ieu situs rek 
nyoba "ngawinkeun" sastra jeung potografi, bari
diembohan pitutur lokal karuhun sunda. jadi eusina aya
tilu bagian, kahiji nu utama naskah wawacan. nu
kaduana 
hasil potografi nu diutamakeun ngagambarkeun kaendahan
alam priangan. embohna, bahan-bahan pitutur karuhun
sunda meunang nyutat pangpangna tina tulisan bah edi.

cing baraya pangnoongkeun, sugan aya saran anu hade
pikeun ngarengsekeunana. kahayang mah aya audiona,
ngan can meunang, sugan engke ka hareup. ieu naskah
can
rengse, keur dikeureuyeuh keneh. alamatna:

       http://free.angeltowns.com/studio579/

salam,
mh

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke