Kahatur, Kang Wawa...

Acara dinten enjing di Cimalati teh mangrupa Halalbihalal & Kongres
Kusnet, sanes Kongres Basa Sunda. Halalbihalal mah teu kedah
dijentrekeun rupina, sadaya ge parantos ngartos. Dupi KONGRES nu
dimaksad di dieu, dariana mah tepung lawungna warga milis urang Sunda
(nu katelah Kusnet tea, pleus kadang aya tambihan tamu) kanggo
silaturahmi, formalna laporan reguler ti pupuhu Yayasan Perceka
(yp.urang-sunda.or.id).

Naon bae anu kedah disiapkeun kanggo ngaluuhan ieu acara, nu utama
mah, panginten, kedah nyandak raga badag. Ulah sumping ukur
lelembutanana wungkul! Heuheu....
Sumping bae ka Cimalati, ulah mangmang, baraya enggal atanapi nu
anyar, moal diwilah-wilah. Ditampi kalawan kabingahan.

Mangga, diantos di Cimalati....

On Fri, 26 Nov 2004 00:19:27 -0800 (PST), Patwa Nugraha
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten pisan ka kuncen, ieu abdi saleresnamah teu acan terang tianggalna
> numawi gabung di kusnet na oge nembe, perkawis Kongres Basa Sunda di
> Cimalati teh kumaha alang utuna, kumargi kitu dari pada abdi nyesel teu
> terang bade balaka we ieu mah, kinten-kinten pami nu bade ngiring aya syarat
> atanapi persiapan naon anu diperyogikeun, mungpung teu acan telat. Sakali
> deui punten abdi hoyong terang juknis sareng juklak na. 

-- 
kumi


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke