Kahatur teh Tien..
 
Abdi ngaraos.. "salut" ka si teteh.. anu baris rurumpaheun ngauuhan kongres di Cimalati.  Langsung perjalanan Surabaya - Cimalati.
 
Manawi masih diperyogikeun.. ieu mah mung ukur saran bae...
Upami bade nyambung-na ti Bogor ka Sukabumi-keun mah, saena upami nganggo beus milih Lorena atanapi Pahala Kencana, kumargi pool-na aya di Bogor.. sok ngalangkungan ka terminal Bogor (Baranangsiang).  Upami lungsur di Pulo Gadung mah (duka upami ayeuna, kapungkurmah abdi rada "palalaur, seueur tukang ngamen atanapi jualan anu maksa.. oge ngarangkap jadi tukang todong atawa copet) atanapi di Kampung Rambutan, tangtos rada barabe deui.  Eta oge aya beus ti Pulo Gadung/Rambutan ka Sukabumi.. mung kadang-kadang kirang "nyaman" (ngetem lami, sareng sajabina).
 
Ti terminal Bogor, upami hoyong enggal tiasa nganggo L-300, nyuhunkeun dilungsurkeun di Cimalati (ka kenek atanapi supir).  Tiasa oge kana beus ukuran tanggung, namung biasana sok rada pajejel.
Ti pertigaan ka tempat kongres mah abdi kirang apal, mungkin nganggo angkot.. atanapi saenah ngontak bae kana HP wargi Kusnet sanesna.
 
Sim kuring mah.. bati ngabayangkeun.. manateuing.. "cape"na si teteh.. perjalanan ti Surabaya - langsung ka Cimalati.
 
Mudah-mudahan lancar .... sareng salamet.. sareng.. sukses...
 



Patwa Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa alaikum salam Wr.Wb.
 
Pami Teteh ngabujeng ka Pulo Gadung, naik beus Pulo Gadung - Bogor, ti Bogor tiasa nyambung ngango Bogor - Palabuhanratu atanapi Bogor - Sukabumi aya beus aya colt diesel, diantawis eta anu enggal naek colt diesel ( Bogor - Sukabumi), lungsurna di pertigaan 'sanes pertiluan panginten nya Teh' Cimalati (pas masjid). Anapon pami ti Kapung Rambutan langsung naek beus Kampung Rambutan - Sukabumi lungsurna sami.
 
Punten pisan mung sakitu anu tiasa kapihatur, manawi tiasa katampi, mudah2an salamet di jalanna sareng kenging hasil anu dipimaksad dina acara kongres na.
 
Wassalam.
 
baktos abdi,
 
wawa

teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb
 
Haturan baraya sadaya.........
 
Di bujeng enggalna, manawi aya anu terang upami ti Surabaya, naek beus malam eta turun dimananya...? duh can ngajaran nya, naha di pulo gadung, anatapi kampung rambutan..? Tah tidinya ka cimalati, naon naon nya....?
Mangga saha anu terang , kitu ge si teteh karek bade, sugan di widian ku kapala......Tah upami diwidian mah, si teteh bade..InsyaAlloh ka Cimalati....
Sok, ah.....saha anu terang...? NUhun pisan......
 
Salam
teh tien
( upami janten enjing dinten jum'at sonten ti sby ka jakarta , rupina dongkap ka cimalati siang, jam 2 sigana.....sugan diparengkeun, nuju pakeupuk ....ieu teh )


Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! ?Get yours free!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! ?What will yours do?

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke