Wilujeng sonten ka sadayana,

Tilu poe katompernakeun ieu internet di kantor kaserang "muriang" 
alatan antene-na kasamber gelap. Atuh bati kumejot bae teu bisa 
ngalongok milist. Ari kudu ka warnet piraku bae da tangtuna oge 
ninggalkeun pagawean.

Ngeunaan kajadian di TPS Bojong, Kalapanunggal, Bogor, ngiring 
belasungkawa. Inget harita kungsi ngalongok ka eta patempatan, 
diajak kunu ngajual lahan eta pabrik keur ngokolakeun runtah 
Jakarta. Anu ngajak teh salah saurang "pemain" di widang ngokolakeun 
runtah Jkt. harita anjeunna keur naksir "inovasi" Kang Idrus anu 
gaduh teknologi ngokolakeun runtah-heunteu ukur jadi kompos-jadi 
gemuk NPK Super. Si manehna hanjakaleun pisan geus ngajual eta lahan 
ka konglomerat (anu boga lahan jeung pabrik ayeuna anu diruksak), 
bari jeung can lunas cenah pameulina teh (sigana ayeuna mah syukuran 
manehna teh lantaran heunteu jadi nyieun pabrik ngokolakeun runtah).

Tina kajadian TPS Bojong-Bogor, tetela ngokolakeun runtah 
jadi...naon bae, heunteu ukur cukup ku ayana teknologi jeung modal. 
Pasoalan sosialna anu justru pohara nanggtukeun hasilna jeung-tangtu 
bae-kahayang pamarentah (political will) anu diwijudkeun ku 
sosialisasi jeung jaminan kaamanan kudu sayagi. Ieu teh mawa 
implikasi kudu ayana manajemen anu ngalibetkeun masyarakat 
sabudeureun patempatan, jeung teknologina kudu bebas polusi (bau, 
disagigireun tangtu bae kudu ekonomis (kudu ngahasilkeun produk anu 
diperlukeun ku rakyat loba jeung "layak" lingkungan.

Saenyana, teknolog Kang "I" geus ka dinya: bau bisa leungit da aya 
enzim "penghilang" bau ciptaan anjeunna anu baris digunakeun; nu 
mulung jeung tukang lapak oge dilbetkeun dina proses awalna. Malah 
mah proposalna oge geus kungsi kacepeng ku Gubernur Jabar, 
hanjakal..........sigana malati cang lingsir ku wanci, campaka tacan 
ligar ku mangsa, teu acan patepung qodlo jeung qodarna. Anapon anu 
ayeuna kajadian di Bogor, ngokolakeun runtah teh ukur jadi biogas 
anu tangtuna masih nyesakeun polusi jeung "limbah" anu mokaha. Jeung 
deui, ceuk cenah, AMDAL-na oge pabaliut. Meanya bae AMDAL nu dipake 
teh AMDAL pabrik keramik. Mun enya teh kitu dongeng AMDAL-na, 
pantesan bae anu demo sakitu ngagalaksakna. Urusan sosialna tetela 
teu acan rengse sapuratina.

Kaduana, soal polisi urang anu tacan robah sakitu alam reformasi 
geus diganti ko "orde persatuan". Polisi dina ngarengsekeun pasoalan 
kaamanan tetep bae migunakeun cara-cara militer. Padahal tugas 
aranjeunna teh ukur mawa anu nyien masalah hukum ka pangadilan. 
Mangga bae titetan rekaman video anu mindeng dibalikan di sababaraha 
tv, kumaha "telengesna" aranjeunna dina newak anu ceuk 
cenah "ngacowkeun" kaamanan. Inna lillaahi wa inna ilahi roo'jiun ka 
para korban kajadian/kasus TPS Bojong-Bogor.

"Inna lillaahi wa inna ilahi roo'jiun" sareng ngiring bela sungkawa 
oge ka Kang Edy Cimalati anu parantos dikantun tilar dunya ku raina. 
Pamugi aya dina katawekalan nampi cocobi ti Ilhi Robbi. Ka anu 
ngantunkeun, pamugi ditampi iman-islamna, kenging nikmat kubur 
sareng dilebetkeun ka golongan katuhu. Amin.

Ngeunaan "kumeok memeh dipacok". Sapuk pisan. Diajar migunakeun basa 
teu aya deui iwal ti kudu prak ngalaksakeunna. Tong hariwang ku 
sieun salah, salila paniatan teh pikeun ngawangun komunikasi anu 
efektif, Insya Alloh moal aya basa/kecap anu mengpar. Hatur nuhun 
Kang Rachmat, oge Kang Kandar sareng sadaya anu parantos mairan 
jejer ieu. Implengan anu medal tina guaran jejer eta ngeunaan 
perluna mikirkeun bahasa anu merenah, anu komunikatif pikeun campur 
gaul sapopoe jeung pikeun elmu pangaweruh ngailhaman sim kuring.

Kabeneran puguh minggu-minggu ieu teh keur diperedih ku Disbudpar 
Jabar pikeun ngaropea RENSTRA organisasina. Program mekarkeun jeung 
ngamasyarakatkeun basa Sunda anu merenah jeung basa Sunda pikeun 
dunya elmu pangaweruh langsung dituliskeun dina usulan program, 
lengkep jeung panalangtikanna oge sosialisasina. Pamugi bae, upama 
teu aya "beurit" anu sok ngurihit pamikiran kolektif sarae mah ieu 
program teh sakuduna ditarima jeung dilaksanakeun ku pamarentah.

Ngeunaan "Maharaja singgasana Pajajaran Lowong" asana kungsi posting 
sababaraha bulan (atawa taun kamari), ngeunaan papanggihan sorangan 
jeung anu "ngaku" salaku "duta besar karajaan Pajajaran". Ngan asa 
teu percaya da papanggihna teh dina beus, diuk gigireun sa beus ka 
Bandungkeun ti Bogor. Anu matak muriding bulu punduk mah eta waktu 
anjeunna kusiwel ngaluarkeun KTP Pajajaran. Resep euy ningali 
banderana jeung lambang karajaanna. Percaya teu percaya, jeung asa 
can tembong urusanna salila tacan kasaksian mangpaatna keur balarea 
ieu jejer teh. Ari tali nganteng caritana mah rada akur jeung nu 
kungsi katarima salila ieu.

Moal kitu Kang "Baranyay" anu dina lampiran teh dongeng anu sarua 
jeung ti juragan "duta besar" anu angkat-angkatan cukup migunakeun 
mobil umum? Hanjakal attachment-na teu tiasa dibuka, tiasa kitu 
dikintunkeun deui kalawan japri? Hatur nuhun sateuacanna.

Baktosna,
manAR
  

--- In [EMAIL PROTECTED], "baranyay" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, yeuh aya bewara ti anu ngagem pajajaran (duka leres 
heunteuna mah) 
> mangga
> 
> kamari maraneh kukurilingan di bogor
> 
> baranyay!!





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke