Assalamu alaikum wr wb
Baraya, sapertos anu parantos kauninga ku baraya sadaya, tgl 28 kamari
aya paguneman anu dialpukahan ku kersana UA Sidik dina acara anu
diwengku ku "halal bi halal".
Alhamdulillah, anu hadir seueur pisan. DUka pas namah. ieu ciciren yen
warga KUSNET ngarojong pisan eta acara.
DIna kasempetan ieu sim kuring moal laporan ngenaan eta acara (margi
pas na mah eta kedah ku panitia ku anjeun), mung bade ngalaporkeun
ngenaan hasil diskusi ti sonten dugi ka tengah wengi (mung kapotong ku
taruang heula).
Hasil padungdengan teh aya tilu hal (mun digarisbadagkeun):
1. Perceka dirasa perlu ngahadirkeun divisi (atawa naon bae istilahna)
anyar anu nyekel gawe ngenaan paluang bisnis keur--utamana-- warga
KUSNET. Praktekna kieu: bilih baraya aya anu ngawegahkeun naon wae,
boh sipatna skill/kapasitas dina hiji hal, atawa anu sifatna barang.
sok bewarakeun di milis. kitu deui mun baraya ngarasa ngagaduhan
kapasitas dina naon bae, sok bewarakeun. atanapi mun ngarasa rada
isin, dugikeun sacara japri ka anu nyepengna nyaeta kang Irvan van garoet.
ti dieu mudah2an SDM KUSNET khususna, US umumna tiasa kaberdayakeun.
Teras, naon untungna keur Perceka. Ari anu disapakatan kamari mah,
posisi kang Irvan lir ibarat Broker/makelar anu disyahkeun nyungkeun
untung tina satiap transaksi. tah, panghasilan kang Irvan, engke
sabarah persena wajib disumbangkeun ka KUSNET. Kumaha cenah keur
ngontrol si Broker tea? Aya saleresena mah (di luar kapasitas Kang
Irvan anu jujur!), nyaeta dewan pengawas perceka (atawa saha
wae)nyungkeun informasi--bisa sacara pribadi--sabaraha kauntungan anu
dibikeun ka broker. Jadi, pendekna, divisi anu anyar teh nyaeta divisi
anu ngamenej jaringan bisnis tur informasi.
(informasi anu panganyarna: K. Hendri siap nyuplai anu wegah ranginan!)
2. Lobana warga KUSNET anu benghar--diantawisna Kang Hendri anu
Zakatna sabulan Sajuta!--, ngamunculkeun ide mun KUSNET ngabentuk
lembaga Amil Zakat. Tah tugas lembaga eta nyaeta: a) ngingetan baraya
anu ngabogaan niat hade rek supaya ngaluarkeun zakat, infak,
shadaqahna di lembaga boga Perceka tea. b) nagihan baraya anu geus
paheut deuk ngaluarkeun zakat (Kang Hendri tos siap sabulan Sajuta
[1.000.000,00], acan kang Surya sareng anu sanesna). 3) terus ngadata,
ngajumlah, tur ngumumkeun sabaraha-sabaraha eta hasil zakat tea boh di
web, atawa di milis.
Keur naon eta zakat teh? Nya keur naon deui umpama lain keur
ngamajukeun Perceka, jeung ngamajukeun kasundaan (sumanget anu
ngaraketkeun urang di ieu dunya tea!).
3. Ngarojong pisan teras sumebarna PSK. mudah2an ku ayana dua divisi
eta, program PSK, jeung beasiswa bakal runtuy tur manjang.
Sakitu heula ah, panjang teuing.
Baktos,
tantan
(anu kapancen moderator diskusi)
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/