Komo deui katuanganana, raosna kacida. Aya sangu timbel saageung halu, pais lauk, goreng hayam, teri nganggo suuk, sambel goreng peuteuy, lauk asin, lalab-lalaban, sambel ge dua coet mucung, dibanjur ku angeun haseum mani lekoh. Nikmat !
-Na2ng- --- In [EMAIL PROTECTED], "B�sm���" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kang eko.... > mana atuh poto2na...??? > > Panzi > *bati kumetap we lahhhh.... > ----- Original Message ----- > From: E_Ruska_Nugraha > To: [EMAIL PROTECTED] > Sent: Monday, November 29, 2004 7:49 AM > Subject: [Urang Sunda] Acara Cimalati-Sukabumi > > > Assalamu'alaikum wr. wb. > > Allhamdulilah kamari ping 27 Nov 2004 baraya kusnet > parantos ngayakeun halal bi halal di > cimalati-sukabumi, kiranglangkung anu sumping anu aya > di daftar tamu aya 33 urang upami djumlahkeun > sadayana sareng kulawargi anu dicandak kirang langkung > aya 70 urang. Kirang langkung tabuh 10 enjing-enjing > baraya parantos sarumping teras we ka tempat kempel > sambil ngupingkeun kacapain anu live tea dugi tabuh 12 > teras sholat lohor di teraskeun tuang siang. > > Kirang langkung tabuh hiji siang acara dikawitan, > seksi acara kang gunawan yusuf : > 1. Ngaos Ayat suci al-qur'an (hilap deui namina - ti > sukabumi) > 2. Sambutan ti pupuhu panitia (sim kuring) > 3. Sambutan ti pupuhu hajat (Mang Siddik) > 4. Acara nepangkeun ti sadayana baraya anu sumping > 5. Sambutan ti Pupuhu Yayasan Perceka (Mang Jamal) > 6. Sholat Ashar > 7. Acara Diskusi/Ngobrol sareng nusanesna (Kang > Tantan) > 8. Sholat Magrib > 9. Neraskeun Diskusi dugikeun tabuh 12:30 > > Kanggo hasil diskusi parantos dipostingkeun ku kang > tantan, sakitu ringkesan acara halal bi halal > dicimalati-sukabumi kamari kanggo detail sadayana > acara insya alloh ke dikintunkeun deui kaleresan > kamari catetanana disimpen di laptopna mang siddik, > teras kanggo daftar baraya anu sumping ke insya alloh > nyusul. > > Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun pisan ka > pupuhu hajat (mang siddik, kang edi sutardi) anu > parantos ngawaragadan acara hahal bi halal. Kitu deui > sim kuring hatur nuhun pisan kasadayana kanu tebihna > kanu caket parantos kersa rurumpaheun ka acara halal > bi halal kusnet di cimalati sukabumi. Teu hilap sim > kuring oge nyuhunkeun dihapunten bilih salami > kapanitian halal bihalal ieu kirang nyugemakeun > sadayana baraya sakali deui nyuhunkeun dihapunten. > Mudah-mudahan acara kempel-kempel/halal bi halal > kusnet sepertos ieu kapayuana tiasa diayakeun deui. > > Sakitu heula ti sim kuring, hapunten kana > kakiranganana. > > Wassalam, > @ERN ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

