Baraya,
ieu kanggo selebaran lembaga anyar di Perceka. Nyjngkeun koreksi: khususna ka Pihak Perceka
 
Hatur nuhun (Tadina rek diattach, tapi bisa hesewww)
 
tantan
 
 
 

Lembaga Zakat, Infak, Shadaqah �PERCEKA�

 

(Slogan:) Gede leutik, bareng maju! 

 

 

 

Assalamu alaikum wr wb.

 

�36.859 Siswa Terancam �DO� (PR/Rabu/ 05/ Mei/ 2004)�

Maklum saja, dalam dua tahun terakhir ini nilai IPM Jawa Barat terus berkutat di angka 68 dan menempatkan dirinya pada ranking ke-15 dari seluruh provinsi di Indonesia.� (PR/ Jumat/ 05/ Maret/2004)

 

 

Baraya,

Sababara iber anu dicutat diluhur teu diniatan rek nyingsieunan. Lain, lain keur eta. Tapi eta teh ngajelaskeun hiji potret kaayaan Tatar Sunda poe ieu. Malah ku urang rajin dikorehan, masalah atawa pasualan anu katinggali lir ibarat fenomena gunung es tea: nu katenjo ngan punclutna wungkul. Padahal, realitas sebenerna leuwih gede, lewih jero, tur leuwih koronis.

 

Di antara masalah anu gede anu ngait kana kalumangsungan kabudayan tur paradaban Bangsa Sunda nyaeta atikan tur kasehatan. Ku naon dua masalah ieu�tangtu di luar masalah lain anu teu eleh gede�bet katinggalina peting pisan. Hal ieu dumasar kana: (1) atikan�sok sanajan loba kakurangan keneh�ngarupikeun salah sahiji cara keur satiap insan di Tatar Sunda mun boga kahayang rek ngaronjatkeun harkat tur martabat dirina. Tina atikan anu bener, kasempetan keur hiji jalma leuwih gede batan anu teu meunang atikan. Atikan oge penting keur nyambungkeun spirit kabudayaan. Sabab, mung di lengen jalma-jalma anu ngarti, pentingna kalumangsungan budaya bisa terus ngagedur minuhan gerak sosial hiji masyarakat.

(2) masalah kasehatan penting keur ngajamin yen sagala proses eta tiasa kacekel pageuh bari kajamin. Kasehatan teh nyoko jeung pendidikan, sabab teu mungkin mun spirit budaya bisa dipanggung ku jalma-jalma anu geuring.

 

Ninggali eta pasualan, PERCEKA terus ngalakukeun gerakan Pabukon Simpay Katresna (PSK), Beasiswa Simpay Katresna (BSK), Penerbitan Bukus Sunda (PBS), jeung Kampanye Reueus Sunda (KRS). Sadaya program eta didedikasikeun keur pangwangunan kasundaan, boh tina sisi Sumberdaya Manusa, boh Sumberdaya Kultural tur Sumberdaya Sosial.

 

Mung kusabab cita-cita tur kahayang eta teh kacida pisan gedena, loba program anu geus direncanakeun rada kaboleh kusabab �sepi�na sarana keur ngadukung eta program. Tapi, sok sanajan kitu, jeung kusabab program-program di luhur tetep hanet jeung pangabutuh, moal aya rasa pesimis. Malah, eta jadi panglecut keur terus bajoang jang ngamajukeun Tatar Sunda.

 

Baraya,

Hikmah tina silaturahmi tur babarayaan memang gede. Kaasup nalika warga KUSNET diuk babarengan, madungdengkeun eta masalah. Saenggeus diskusi anu cukup panjang, haneut, tur produktif, PERCEKA mutuskeun yen kudu aya hiji divisi�atawa naon bae ngarana�anu manggul tugas ngalakukeun kapitalisasi sumberdaya-sumberdaya khususna di warga KUSNET.

 

Ayeuna, di PERCEKA aya Divisi Zakat, Infak, Shadaqah. Tah, ka Baraya anu ngaraos tos keuna kawajiban zakat, atanapi bade infak tur shadaqah, diantos pisan di PERCEKA Insya Allah, amal sae baraya eta bakal jadi wakaf anu pahalana bakal ngocor teras. Margi, saperti paniatan PERCEKA tea, eta dana teh bade diaktualkeun keur ngamajukeun sumberdaya manusa di Tatar Sunda.

 

Upami ayeuna saderek bade ngirimkeun zakat, infaq, shadaqah tea, mangga geura kirimkeun ka....no Rek.....Insya Allah satiap sasih bakal aya laporan hasilna.

 

 

Wassalamu alaikuym wr wb.

 

Bogor, 29 Nov 2004

 

 

Tantan Hermansah

Kokojo

 

 
Add FUN to your email - CLICK HERE!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke