Baraya,
Salah sahiji panghalangan psikologis dina ngamumule basa daerah/basa Sunda, sakumaha hasil KIBS I 2001, nyaeta haroreameunna generas muda US migunakeun basa Sunda. Anapon anu jadi alesanna, diantarana kulantaran dina basa Sunda teh masih aya undak-usuk basa (kasar- sedeng-lemes). Generasi muda US sieun heunteu bisa make basa Sunda lemes upama sapopoe kudu ngalobakeun make basa Sunda teh. Kaayaan ieu matak ngahelas, ku sabab sababaraha hal. Kahiji, basa Sunda anu aslina heunteu aya undak-usuk basa. Undak-usuk basa anu gede kacondonganna kana mialat basa pikeun kapentingan feodalisme teh pangaruh seler sejen anu kungsi ngawasa di Tatar Sunda. Kaduana, kusabab hasil Kongres VII Basa Sunda di Garut oge geus nyirian, yen anu kudu digedekeun teh dina larapan basa Sunda sapopoe nyaeta basa Sunda merenah atawa basa Sunda loma. Tujuanna teu aya lian, sangkan beuki tambah loba jeung biasa migunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe. Kusakitu, kumaha upama Kusnet mimiti ngararancang nyieun sarupa kamus atawa buku pituduh praktis migunakeun basa Sunda anu merenah. ieu kagiatan teh "realistis" dilakukeun ngaliwatan milist. Nya sarupi migawean digitalisasi naskah kuno kasundaan. Pakait raket sareng jejer di luhur, nyaeta basa Sunda pikeun kaelmuan. Sarupi kamus basa Sunda keur iptek. Kongres Basa Sunda VII di garut oge pohara merlukeunna aya garapan sarupi ieu. Mangga, wilujeng ngemutan. Baktos, manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

