Kalintang sapukna kana usaha-usaha anu dilaksanakeun ku Kusnet anu 
geus nyoko kana jejer ngaronjatkeun Indeks Pembangunan Manusa (IPM) 
Jabar. Ieu teh parantos luyu sareng jejer gede program pamarentah 
Jawa Barat. Sok sanajan konsep IPM jeung kasangtukangna ieu udagan 
teh pakait reujeung hasil laporan jeung pameredih lembaga-lembaga 
dunya, saperti Bank Dunia, jsb; tapi enas-enasna mah bener pisan. 
Jawa Barat katinggaleun pisan dina lebah indeks hontalan kasehatan 
(anu diwujudkeun ku angka rata-rata umur), ekonomi (anu 
direpresentasikeun ku "daya beli"), jeung atikan (anu dinyatakeun ku 
lilana ngalaman atikan dasar jeung angka melek huruf).

Disebut pakait jeung pamikiran seler sejen, upamana, "daya beli" 
(DB) heunteu salawasna pakait jeung indeks atikan. Seniman, contona, 
sanajan heunteu kungsi meunang atikan luhur, atawa dasar, loba anu 
nyangking DB ngaleuwihan indeks standar.

Program PKS geus nincak ka jihat ngaronjatkeun IPM. Kantun ngukur 
hasilna bae. Ti payun si kuring kungsi ngusulkeun supaya aya 
indikator udagan tina program PKS. Ieu oge diusulkeun ku Kang MGT. 
Pamugi bae ka payun tiasa diwujudkeun, dugi ka hasilna tiasa kaukur.

Keur ngaronjatkeun DB, program anu anyar, ngokolakeun sabagean tina 
zakat, bisa jadi harepan. Anu kudu diheulakeun nya tangtu bae, DB 
sangkan heunteu ngurangan anggaran masyarakat teu mampu pikeun 
nempuh atikan. Tegesna, bantuan pikeun nempuh atikan sangkan 
panghasilan rakyat anu teu mampu anu bade disumbang teh heunteu 
kacontang ku biaya pikeun atikan. Ieu oge perlu pangemut, naha bade 
kitu bae maparinan bantosan atanapi bantosan teh mangrupi modal?.

Sakaitan jeung DB, hasil panalungtikan anu ngarongheap dina KIBS I, 
taya lian yen loba urang Sunda anu kajiret ku pasar modal anu teu 
resmi atawa "pasar gelap" (B. Ind.). Praktekna, ijon jeung rentenir 
tea. Ieu teh kalintang mahabuna, lain bae di dayeuh, tapi oge di 
padesaan. Khususna, loba US anu kajiret ku rentenir ti seler sejen. 
Naha kira-kirana program divisi dana US teh bisa dikamalirkeun 
pikeun ngurangan eta pasoalan di sagigireun atikan?

Anu akhir, soal indkes kasehatan. Memang ieu rada merlukeun pangemut 
anu jero pikeun ngawujudkeun usaha nyata ti Kusnet pakait jeung 
pirang-pirang watesan (kendala) anggota Kusnet. Program lebah dieu 
bisa disawang tina dua jihat. Kahiji, lengkah anu 
kaasup "pencegahan" (ngahulag). Kadua, pangobatan pikeun anu geus 
kaserang panyakit. Anu kahiji, pakait jeung perilaku, kabiasaan 
sapopoe, hartina dalit pakaitna jeung masalah budaya. Anu kadua, 
ngait deui bae kana DB jeung pangaweruh.

Program anu dilakonan ku Pamarentah dina lebah dieu diantarana 
sosialisasi kasehatan lingkungan mignakeun seni (program Kang Acil 
jeung pintonan wayang pikeun "penyuluhan" kasehatan, upamana), 
disagigireun tangtu bae nyayoigikeun obat-obatan murah (ieu oge 
program nasional). Naha kira-kira program Kusnet oge dina 
ngoronjatkeun IPM widang kasehatan seja nuju ka jihat kuratif  atawa 
leuwih nyoko kana ngawangun budaya sehat?

Upama nyoko kana ngawangun budaya sehat, program PKS tiasa 
dikantetkeun. Hartina, dina nyayogikeun buku-buku keur eusi pabukon 
teh proporsi buku-buku ngeunaan kasehatan tiasa digedekeun. Atawa, 
bisa oge Kusnet naratas kampanye pikeun ngabiasakeun deui adat US 
dina konsumsi kadaharan jeung perilaku kahirupan anu sehat.

Sumangga, nyanggakeun.
Baktosna,
manAR 







  





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke