Haturan Kang,

Keur saheulanan, si kuring heunteu pati percaya ayana karajaan 
Pajajaran dina wanci kiwari, sabab nyaeta tacan kapaluruh buktina. 
Anapon papanggihan di jalan waktu ka Bandung-keun ti Bogor anu 
kungsi dicaritakeun, saheulanan dianggap anu ayana golongan keur 
boga cita-cita ka dinya. Ngarojong? ke heula anan, sabab heunteu 
kurang panyelewengan anu migunakeun modus harta karun jeung cara-
cara sejen sarupa kitu.

Ngeunaan bewara/wawar atawa selebaran "Kerajaan Sunda Besar" rengse 
dititenan (hatur nuhun ka Kang Kandar, japrina). Kaharti ari 
maksudna mah, tujuanna pohara hadena. Anu jadi kamelang teh eta 
lebah aya golongan anu ngamanfaatkeun bewara saperti kitu pikeun 
nipu masyarakat. Ti heula kungsi si kuring nandaan yen wawar 
ngeunaan hiji Yayasan anu migunakeun ngaran masyhur Kahar Muzakar 
kana baris pibahlaeun. Enya bae, sababaraha waktu kabehdieunakeun 
loba laporan, malah kungsi ditulis di majalah Tempo soal panipuan 
anu dilakukeun ku eta Yayasan. Ti baheula tepi ka ayeuna, heunteu 
saeutik modus panipuan anu ngaunakeun jargo-jargo saperti: harta 
karun Pajajaran, dana revolusi, Ratu Adil, Amal Muslim, jst.

Kumaha atuh patokanna? anu utama mah nyoko kana conto Rosul saw, 
sagala rupa oge kudu aya bajoangna. Rezeki moal kitu bae ragrag ti 
langit bari jeung teu aya usahana. Rosul saw sanaja ditawaran emas 
sababaraha pasir (BI: bukit) heunteu kersaeun da heunteu kitu 
alamiahna anu bisa dilakukeun ku masyarakat loba mah. Rosul saw kudu 
tetep mere conto yen tugas hirup manusa mah ukur bajoang, hasil 
heunteuna eta di luar kakawasaan manusa. 

Kukituna, patokan kahiji mah nya tetep kudu usaha jeung bajoang. 
Moal kitu bae aya gajih mangjuta-juta pikeun pangurus harta (lain 
pagawe pamarentahan). Mangga tengetan bae, nomor 2) dina eta 
wawaran. Sakitu matak ngirutna, bade dipaparinan gaji antara 2 
000.000 tepi ka 25.000.000 rupia pikeun pangurus harta. Matak 
kataji, tapi sabeberna rada teu kaharti ku akal.

Pangirut no 2) dina eta wawar dieuyeuban ku hal-hal anu matak narik 
ati anu maca jeung keuna kana angen-angen masyarakat loba. Mangga 
tengetan no 1), 3) jeung 4) oge Tujuan. Khususna "Tujuan", keuna 
pisan kana harepan sabagean gede rahayat. Pinter pisan.

Naha heunteu aya pisan kamungkinan eta wawar teh bener? Kieu bae 
atuh patokan satuluyna mah, salila eta program heunteu meredih beaya 
(duit) ti rahayat, mangga tiasa dibandungan terasna. Dibandungan 
heula, sabab saha anu terang upama enya oge heunteu narik duit 
sapeser oge ti masyarakat, apan urang heunteu terang ti mana duit 
aranjeunna? Kajaba upama sanggeus aya katerangan di payuneun publik 
ngeunaan eta program jeung anu tanggelwalerna sarta dijelaskeun ti 
nmana bae anggaran anu sadia teh asalna, urang tiasa nangtukeun 
sikep. 

Dina lebah dieu, tradisi Islam anu lempeng tos nyontoan, leuwih hade 
sidqoh ukur ku ali (cincin) perak, tapi boga sorangan, 
tinimbang "karya" gede-upamana ngawangun masjid jeung prasarana kota-
tapi duitna hasil curaling, korupsi atawa maling; atawa prak-
prakanna ku cara nandasa papada manusa.

Karajaan Pajajaran ayana dina ingetan sewang-sewangan, karya jeung 
yasa anu ti heula anu nyoko kana ngawalatrakeun jalma rea sakumaha 
karekam ku bukti-bukti sajarah (prasasti, carita rakyat, pantun, 
tembang, jst) anu nimbulkeun angen-angen kuat pikeun ngawujudkeunna 
deui dina alam kakiwarian. 

Karajaan Pajajaran aya dina lajuning laku papagon jeung kawijakan 
baheula, diantarana: "Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya dina 
Bhuana" atawa "Pakena Gawe Rahayu pakeun Tanjeur dina Juritan", 
sakumaha dina prasasti Kawali. maksud bebasna:" (Prak geura) 
Digarawe anu soson-soson babakti ka papada manusa sangkan lila jaya 
hirup di dunya" (anu kadua:"....sangkan unggul dina satiap 
pangperangan"). 

Atawa, karajaan Pajajaran teh tandana sakumaha dina Prasasti 
Batutulis-Bogor anu mere conto naon bae pagawean penting anu kudu 
diheulakeun dilaksanakeun ku raja (pamarentah). Taya lian ti nyaeta 
nyumponan pangubutuh poko balarea tea atawa dina basa ayeuna 
mah "pelayanan umum" tea (nyieun jalan, nyadiakeun sumber cai, 
ngajamin pangubuth rahayat pikeun prak ibadah, jsb). 

Singketna, karajaan Pajajaran teh ngamuhit filsafat karya. Ajen-
inajen pokona sakumaha maksud 3 jejer kasundaa: SILAS, Ngertakeun 
Bumi Lamba jeung mulasara Kabuyutan. Upama, sabagean gede bae teu 
kudu sagemblengna- rahayat Tatar Sunda geus prak ngalaksanakeun 
usaha-usaha sakumaha eusi eta prasasti, Karajaan Pajajaran teh keur 
nguniang deui hudang. Tah anu ieu mah kudu malah wajib diturutan 
jeung dituturkeunana teh.

 
Cag.
Baktosna,
manAR







  

--- In [EMAIL PROTECTED], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sababaraha pertanyaan sim kuring
> diantawisna; dimana tempatna kerajaanana, mana bae wilayahna, naon 
bae
> nu tos dilakukeun dina rangka ngawangun lemah cai--pembangunan 
fisik,
> pendidikan, spiritual--kumaha hubungan luar negerina, bidang 
militerna
> kumaha, jrrd.
> 
> NB:
> Nuhunkeun koreksina bilih aya tulisan sim kuring anu lepat
> (Please, correct me if i'm wrong)
> -- 
> Best Regard,
> DURACHMAN (mailto:[EMAIL PROTECTED])
> http://www.geocities.com/dur74/
> http://sg.briefcase.yahoo.com/dur74





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke