kapungkur mah malah kantos tepang jeung pupuhu Damas taun kamari2, Wida, alumni Planologi itenas pisan (nu ngadegkeun Lisenda malah). Hanjakal manehna teu katarima ngalamar jadi dosen di Plano itenas teh. duka pedah can s2 duka kumaha. ayeuna dosen teu matuh (tidak tetap) bari damel di konsultan.
 
harita kantos ngajak gawe bareng. kantos oge aya ancang-ancang, ngan teu nepi ka bukti aya bukurna. rencana mah harita teh KUSnet nu neangan buku jeung atahna, barudak Damas -utamana cabang di unggal kabupaten- nu nganteurkeun jeung ngabinana. tapi teu nepi tah. kang Wida ayeuna tos eureun jadi pupuhu Damas na.
 
barudak Lisenda, masih
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, November 29, 2004 12:40 PM
Subject: [Urang Sunda] Lingkung Seni Sunda di Paguron Luhur

Carios MJ nu nyambit robihna kaayaan langkung heureutna lengkah kulantaran geus laki rabi jadi kapikiran oge ku sim kuring. Memang enya MJ lengkah teh teu sajauh basa urang masih keur wanoh, masih kuat & bebas ngalong jeung oge nu aya mah resep we mun ancag incig padahal teu kudu make kratingdaeng. Nalika  kondisi Kusnet  nu mayoritas statusna pagawe (oge laki rabi?), jeung kagagas ku icik ibungna MJ di Lisenda sim kuring gaduh usul hayu urang dipikir jeung dikaji kumaha narekahanana supaya leuwih loba mahasiswa nu rek ancrub kana kagiatan Kusnet. Ari mahasiswa teh daria, "energizer". Mun milu ancrub di kagiatan Kusnet keur urang tangtu kabantu pisan dina "operasional" hiji kagiatan, atuh keur maranehna lian ti ngala pangalaman oge bisa keur ngeusi CV, pibekeleun kahareupna.
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke