Punten Kang Asep, maksadna "kuli" teh naon? sareng "nguli"na di bagean naon? Aya patarosan kang, Indomeiji teh anu ngaproduksi  Chilmill (morinaga) sanes? Upami leres punten ka CEO na hargana atuh ulah nerekel naek wae. Mun bisa mah lah US dibere diskon supaya US utamana barudak US caralakan, perceka.
 
salam
TCW
 

Asep Noor <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Abdi mah Kang Rahmat di Indomilk teh mung kuli wungkul, biasa wae kuli
macul. Muhun ari kapungkur mah di Indomilk teh keluargana Akbar Tanjung teh
masih gaduh saham, sanaos saalit oge diantawis keluargina dugi ka ayeuna aya
keneh anu calik janten direktur, katingalina mah kulantaran aya  ikatan
histori kapungkur waktos ngadegkeun Indomilk tahun 1967-an antawis
pamarentah Indonesia sareng Australia. Ari ayeuna mah Indomilk teh janten
divisi khusus Dairy anu ngawadahan 6 PT anu bergerak dina bidang susu,
diantawisna Indolakto, Dairryville, Ultrindo, Alam Sumber Vita, Indomurni
sareng Indomeiji, anu aya dibawah bendera Indofood Asia Pasific. Margi saham
Australia dipeser ku Indofood Asia Pasific.
Upami expatriat dugi ka ayeuna masih aya keneh mung kantun saalit anu
kawitna ti Jepang (Indomeiji) Bule (Indomilk).
Sakita panginten Kang Rahmat

Wassalam
Asep Noor
----- Original Message -----
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, November 30, 2004 10:00 AM
Subject: [Urang Sunda] Indomilk rek dibeli Kusnet Inc.


>
> Bagea kang Asep, kuring pun M. Rachmat Rawyani, urang
> Majalengka, nganjrek di Depok damel di Depok oge
> (karyawan UI), cik-cik dongengkeun atuh tempat damel
> kang Asep. Masih aya tanaga asing atanapi bangsa
> urang. Ceuk cenah ti kapungkur sahamna teh mayoritas
> digaduhan ku kulawargi Akbar Tanjung. Naha leres kitu?
> Soalna aya konglomerat anyar nami pausahaanana KUSNET
> Inc., bade ngaakuisisi saham indomilk tahun 2015,
> kumaha tah prospekna?
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke