Perkara kapercekaan dina basa deungeun, komo basa internasional, tangtu jadi hiji ajen leuwih pikeun urang. Tapi, mun di antara baraya aya nu hayang diajar di dieu, asa lain tempatna. Bakal efektif kitu mun diajar basa deunegun di dieu? Asa (deui wae) moal bisa. Nu utama mah kusabab kamaheran basa bisa dipimilik mun urang rajeun mraktekkeun, lain ukur teori. Jaba deuih, coba urang malikan deui kana tujuan ngadegna ieu milis, salasahijina nyaeta pikeun ngamumule basa Sunda. Teu luyu pan? Komo deuih, kakara kamari2 dipadungdengkeung, yen geus loba teuing urang Sunda nu teu bisa basa Sunda! Geuning saur Mang Sofjan ge, alo & putrina ngan ngarti 30% tina naon anu dicarioskeun ku urang harita di Cimalati. Jadi, ceuk kuring pribadi ieu mah, mun rek diajar basa deungeun, mending milari forum/rohangan/media/tempat nu cocog, nu leres, nu daria sakantenan, ambeh tereh maher. Atuh pami bade mitembeyan muka milis anyar pikeun rohangan diajar basa deungeun, misalnya [EMAIL PROTECTED], sae oge sugan. Boa uing ge kaditunakeun mah aya jorojoy hayang miluan diajar.... cag!
urang Sunda kudu Perceka! -- kuncen bungsu ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

