Ngiring mairan Kang Waluya: Dina hiji wawancara, Nurkholis Majid kantos sasauran, urang Timor Leste ngabogaan masalah dina hal bahasa panganteur (oge bahasa Nasionalna). Aya tilu alternatif. Kahiji ngagunakeun bahasa Portugis, kadua ngagunakeun bahasa Inggris, katilu ngagunakeun bahas Indonesia. Najan enya oge bangsa Timor Leste kungsi dijajah ku Portugis ampir 400 taun, tapi nu bisa cumarita dina bahasa Purtugis bisa dibilang, eta oge ngan saukur generasi kolot-kolotna. Pon kitu deui bahasa Inggris, sok sanajan salila jadi provinsi RI ka 27 pangajaran bahasa Inggris teh dirojong pisan ku pamarentah Order Baru, tapi -jiga kalolobaanana bangsa urang wae- bahasa Inggris angger bae asing pikeun masarakat Timor Leste mah. Anu pangrealistisna ngan bahasa Indonesia. Orokaya aya hahalang polisits. Piraku nagara Timor Leste nu geus leupas ti Republik Indonesia ngagunakeun bahas Indonesia onaman. Ahirna pamarentah nenetepkeun pikeun ngagunakeun "bahasa Indonesia" pikeun bahasa panganteur nasionalna, ngan ngaran bahasana diganti, lain bahasa Indonesia tapi BAHASA MELAYU TIMOR.
tansah, zam. ----- Original Message ----- From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Wednesday, December 01, 2004 9:14 AM Subject: [Urang Sunda] Re: nasib muslim di exs timor-timur > > > Ceuk kuring mah nu sabenerna, nu leuwih tepat, sikep urang Timtim nu > teu resep kanu "bau-bau" Indonesia. Kaleresan Indonesia oge sok > diidentikeun jeung Islam. Keur sabagian urang Timtim, nu bau-bau > Indonesia teh kudu dipiceun, Bahasa Indonesia, dangdut jeung Islam > lamun bisa mah ulah aya di bumi Timor Timur. Sikep kieu oge kantos > nerekab di Indonesia, sagala anu "bau-bau" walanda kudu dipiceun. > > Kuring kantos ngobrol jeung tantara nu ngajaga di tapel-wates jeung > Timor-timur. ETa tantara teh ngan gegelendeng terus, teu ngeunah ku > kalakuan urang Timor-Timur nu lamun nganjang ka barayana di wilayah > Indonesia, lamun ditanya ku bahasa Indonesia teh, keukeuh ngajawabna > ku bahasa Tetun, embung ngajawab ku Bahasa Indonesia, pura-pura teu > ngarti! > > Perkawis Islam di Timor-Timur, saleresna mah ti kapungkur oge > parantos aya ti keur jaman dijajah Portugis oge, para panganutna > warga katurunan Arab, ari masjidna nya Masjid An-Nur tea. Salah > sahiji katuranan Arab anu jadi dedengkot anti intergrasi, baladna > Ramos Horta, nyaeta Marie Alkatiri, nu jadi PM Timtim ayeuna!. > Kuring oge teu ngarti, jeung teu dibejakeun dina eta wartos, naha nu > didiskriminasi teh ukur urang Islam nu asalna urang Indonesia (urang > Bugis biasana mah) atawa sadayana, kalebet katurunan Arab anu > pastina oge loba dulurna Marie Alkatiri! > > -WALUYA- > > > > --- In [EMAIL PROTECTED], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

