Hatur nuhun Kang Hasan, sae pisan.
Geuningan ari dilalanyahan mah teu burung brol oge babar karya teh. Ngawilujengkeun ka sadaya anu parantos ilubiung dina karya nyata ieu. Ieu teh baris jadi hiji totonden (preseden) sae yen ngalangkungan milist urang tiasa ngungkulan salah sahiji masalah dina pangwangunan budaya: dokumentasi karya sastra (widang bahasa jeung sastra). Kukituna, lengkep jangkep di Kusnet teh, aya widang bisnis aya oge usaha-usaha anu sifatna sosial-budaya. Keur pangrojong, si kuring kungsi nuliskeun deui (digitalisasi file) karya sastra Lutung Kasarung, wedalan buhun (1957). Harita teh keur kaperyogian Kang Rudy anu bade mintonkeun eta naskah drama di Abu Dhabi (wartosna cios, malah aya kamonesan, anu maen drama teh heunteu ngaranggo iket, da di wewengkon Arab, namung nganggo jubah, diluyukeun jeung budaya di dinya dina widang anggoan). Kumaha ieu naskah LK teh bade diupload? Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > baraya, hayu urang neruskeun hanca nu kapegat ku > lebaran kamari. target transkripsi jilid kahiji rengse > sateuacan lebaran, alhamdulillah kahontal. malah > hasilna langkung ti nu dirancanakeun. jilid kadua > ampir saparapatna, malah jilid katilu ampir tilu > parapatna rengse. hasilna tiasa ditoong di: > > http://www.geocities.com/hasangarut/ > > ka baraya nu aya dina daftar relawan, sapalih > ancoanana dialihkeun, maksadna ngarah tereh rengse. > > saterusna, anu diperlukeun PROSES TAHAP KADUA. tugasna > janten PROOFREADER, ngedit hasil tahap kahiji bari > memener ketikan nu lepat, ejaan nu pahili, tanda baca > anu merenah. > > ku kituna ka sing saha wae anu aya waktos, sarta > sanggem janten relawan, mangga japri ka sim kuring. > > salam, > mh > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

