kang Akos...,
hayu pami bade ka baduy disarengan ku abdi, insya Allah pami waktosna
pareng sim abdi tiasa. kaleresan di diditu aya kawawuhan baheula
mangsa ka baduy (urang gelembung) susuganan aya keneh, kapungkur basa
waktu sakola kungsi ka baduy meunang sabulan leuwih nganteu anu baksos
ti sakola. ngan teu kungsi nepi ka cikertawarna da teu buru waktuna
jeung rada harese ka dinya mah (duka lamun ayeuna mah), lamun bari
jeung mawa barudak sigana rada susah sabab jalana tarahal pisan.
sakalian urang ajak teh Elly Djulia susuganan pareng tiasa ngiringan,
sok lamun tos pahet waktosna sim abdi iberan.

Cag...ah,

BM'69
-nineng mangsa ka baduy baheula, ampi palid waktu keur ngojay di
cipunagara...heheh.

--- In [EMAIL PROTECTED], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leres kang Tirta,..
> Perkawis ameng ka kampung Baduy mah geus jadi niatan
> ti baehula keneh hoyong ningal langsung siga kumaha
> kahirupan urang lembur dinya teh. Sigana lamun budak
> diajak (ieu oge lamun jalurna henteu abot pisan)
> kaditu, bakal jadi emutan lamun geus gede engkena.
> Mung sim kuring mah poek pisan ka palebah manana jeung
> deui teu gaduh kawawuhan anu uninga wewengkon daerah
> dinya. Anu matak kamari teh ngajakan, sugan bae eta
> kahayang bisa kaalaman lamun aya nu maturan ka ditu. 
> Ari waktos na sim kuring mah teu langkung kumaha anu
> bade nyandakna bae.
> 
> baktos akos
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
> http://my.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke