Si Empup jeung Arja basa ngendong di imah kuring di
Situraja, aya pameredih ka kuring cenah hayang
dipangnyawerkeun atawa di pang buka pintukeun ku
kuring (baheula mah keur mahasiswa kuring song rajeung
nyawer jeung buka pintu), eteu kungsi kasanggupan
jeung moal kasanggupan da uing can tangtu ka lembur
dina ngadahupna si Empup jeung Arja teh. Tah ayeunamah
minangka ngaladangan pameredih si Empup jeung Arja,
mangga nyanggakeun guguritan buka pintu anu biasa ku
uing didangdingkeun:

Mimiti Lalaki keketrok...(dina corong speaker)

AWEWE:
Saha eta anu kumawani ngetrok lawang
jin atawa jalma
mun jalma rek maksud naon?
ulah kitu nya laku
kurang adab jeung tatakrami
teu make suba sita
lir nu kirang elmu
tur sampean urang mana
banjar karang pamidangan
geusan cicing......
naon anu diseja?

LALAKI:
Nyai ulah reuwas-reuwas....
Panan akang nembe sumping....
nembe wangsul tipanghulu...
nohonan pamundut Nyai....
seja ikrar ku sahadat
pikeun jadi dahup raga

AWEWE:
Aeh geuning kutan kakang
sumangga bagea sumping
hapunten abdi kalinglap
da puguh wuwuh pangrungrum
mung aya pamundut heula
samemeh urang ngahiji

LALAKI:
Mangga Nyai geura nyaur
naon nu dipikahoyong
akang tangtu nyubadanan
sanajan ku raga jeung nyawa 

AWEWE:
Pamundut deui sahiji
muga akang sok ibadah
muji ka Gusti yang widi
neda ikrar ku shahadat

LALAKI:
Mangga Nyai akang sumpah
di dunya jeung di akherat
Ashadu alla ilaha illawalah, waashadu anna muhammad 
darossulloh.

AWEWE:
Sumangga lawang dibuka (bari nyingraykeun samping
panghalang panto).

Heug nya Pup sing bagja...
KangYa
Tungtung Seoul



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke