Walah si emang kalahka ngabibita, sing hanjakal sim
kuring mah lamun bedo ka ditu teh.
Hayuh atuh mang Oman cuang kaditu deui. Keun ari dina
mapahna oge geus boroyot urang keureuyeuh bae
lalaunan. Teu langkung iraha mang Oman gaduh waktos
salsena?

baktos akos 
 
--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Lalampaheun ka Baduy enya matak nineung hayang
> malikan. Sapanjang 
> jalan titingalian kaaslian (relatif lah, asli bae di
> banding jeung 
> di pilemburan urang anu geus sakieu rusakna), asa di
> "the dream 
> land" bae. Di wewengkon eta aya keneh cukang (B.
> Ind: jembatan, di 
> ditu disebutna rawayan) tina akar kai asli (anumasih
> hirup) anu 
> panjangna leuwih ti 50 meter jeung gede, bisa
> diliwatan ku dua 
> jelema. Tangtu bae rawayan teh luhureun walungan anu
> caina herang.
> Sapanjang jalan 
> liliwatan tetempoan kacida endahna.
> 
> Di Baduy jero, hulu cai cur cor tina gawir jalan.
> Caina bisa 
> langsung diinum da urang ditu mah tara migunakeun
> pestisida dina 
> tatanen na jeung deui tartib dina ngokolakeun
> runtah, kaasup runtah 
> tina bdan arenjeunna. 
> 
> Di Baduy Jero mah ngan bisa meuting sapeuting bae,
> kajaba upama geus 
> aya "deal" sareng puun (upamana pikeun
> panalungtikan). Kituna teh 
> sabab isukna, isuk-isuk pisan sakabeh pangeusi
> kampung budal ka 
> tempat gawe aranjeunna (huma). Emh...pokona mah
> matak deudeuieun 
> sanajan cape oge.
> 
> Upama hayang ngasaan sangu anu parena geus
> mangtaun-taun disimpen di 
> leuit (bari heunteu rusak), hayu urang nganjang ka
> Baduy (harita si 
> kuring disuguhan sangu beureum tina pare anu geus
> aya dileuti leuwih 
> ti 10 taun). Enya leuit (lumbung) pare teh  keur
> aranjeuna mah 
> minangka bank di jaman jeung alam urang ayeuna. 
> 
> Upama hayang ngasaan kumaha rasana dahar ngariung
> cara  Baduy, 
> beuleum cau, cai legen, gula anu karen nyait, hayu
> ka Baduy.
> 
> Upama hayang nempo "satpam" imah puun mangrupa patok
> tina rangrang 
> dahan kai satangtungan budak, minangka garis
> demarkasi (teu meunang 
> diliwatan) anu pohara ditumutna, hayu ka Baduy. 
> 
> Cag heula.
> 
> manAR 



        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke