damang wa!
wilujeng boboran siam kanggo uwa + warga kusnet sadayana.

pami di tilik saliwatan mah wa eta biantara teh di pedar 
ku anu gaduh sifat "pesimistis" (ceuk kuring ieu mah). 
ngan ukur ditonjolkeun kakurangana wungkul. Sawangsulna 
sok aya oge anu sifatna "optimistis" mung kaalusanana wae 
anu dipedar teh.

ari ceuk kuringmah :"urang mana wae tangtu aya 
plusminusna", nya kitu deui urang sunda". ninggang dina 
kakurangannana tangtos wae urang teh hayang memener. cik 
wa manawai tos aya kasimpulan "sawala cimalati 
kapeutingnakeun tea" :
1.naon kalemahan/kakurangan urang sunda nu utama?
2.kumaha pipetaeunana sangkan bisa dihadean?

sahenteuna kuring rek nyobaan keur diri kuring sorangan 
salaku urang sunda.
hatur nuhun

wassalam
soni+++
di bali keneh.





On Wed, 1 Dec 2004 02:21:55 +0700
  "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Di sim kuring aya buku ipis citakan taun 1952, judulna 
>"Biantara2 dina
> ngadegna Pangauban Sunda tanggal 22 Nopember 1952"
>  Dina ieu buku teu dijelaskeun organisasi naon ari 
>Pangauban Sunda, mung
> upama nilik kana eusi biantara biantara anu aya dina eta 
>buku, sigana hiji
> tarekah sangkan urang Sunda nguniang hudang.
>  Aya tujuh inohong Sunda anu biantarana di citak dina 
>eta buku :
>  1. Ir Otong Kosasih (Biantara Bubuka)
>  2. Sutisna Senjaya ( Urang Sunda dina Alam Kamerdikaan 
>Indonesia)
>  3. Puradireja ( Tabeat Urang Sunda)
>  4. K Sukanda Bratamanggala ( Ki Sunda jeung Pangauban 
>Sunda)
>  5. RAAM Wiranatakusuma (Asa Mobok Manggih Gorowong)
>  6. S Suradiraja ( seja ngiring nyampuran saieureun 
>sabeunyeureun...)
>  7. Djerman Prawirawinata ( Ieu teh Soara Rayat)
> 
>  Inti tina eta biantara sadayana oge satuju kana 
>ngadegna Panguban Sunda,
> sareng aya biantara anu ngabejer beaskeun naon 
>kagorengan (kakiranga..?)
> Urang Sunda diantarana ti Ir Otong Kosasih nyerat 
>kenging nyutat ti ahli
> Walanda anu ngulik tabeat tabeat sifat bangsa Indonesia, 
>nya aya diantara
> anu husus ditujulkeun keur bangsa Sunda.
>  1. Urang Sunda teh resep diagung-agung (gila hormat)
>  2. Urang Sunda teh resep ku kamewahan (gila kamewahan)
>  3. Urang Sunda teh resep kapangkatan (gial pangkat)
>  4. Saterasna urang Sunda kacida kinderlijkna, 
>lishtiguning, sareng gampil
> tumampi.
>  Disambung ku pamanggih ti Ir Otong nyalira nyaeta Urang 
>Sunda teh kecing
> kurang kawani, majar deuih urang Sunda mah kurang 
>kahormatan.
> 
>  Salajengna anu pantes di uninga ku baraya sadayana 
>nyaeta biantarana
> Puradireja anu judulna Tabeat Urang Sunda, diantarana 
>unina biantarana teh
> (dicutat saujratna)
> 
>  "Geura mangga tilik kaayaan diri pribadi, pek banding 
>banding sareng
> deungeun. Meh kenging dipastikeun loba naker sifat sifat 
>urang nu ngahudang
> pananya : naha wet kitu..? Boh ka anu nyaliraan, boh ka 
>anu nongtong, sami
> bae.
>  Dina sagala pergerakan nu aya hartosna, meh sadayana 
>pamingpina sanes
> urang Sunda. Dina ger revolutie nu jadi luluguna di 
>Bandung, sanes urang
> Sunda, naha wet kitu..?
>  Dina sagala lapangan pausahaan nu jadi luluguna meh teu 
>aya urang Sunda.
> Nu jadi pupucuk alat nagara, kenging disebatkeun teu aya 
>urang Sunda.
>  Naha wet kitu..?
>  Nu nyekel sluitelpositie dina lapangan pagawe nagara 
>duka aya duka henteu
> urang Sunda
>  Aya sabaraha siki nonoman Sunda nu jenenganana 
>dipapaesan ku gelar Ir, Dr,
> Mr, Drs..?
>  sareng seueur seueur deui.........."
> 
>  Taun 2004 satutasna pemilihan presiden, di tatar Sunda 
>loba anu silih
> tanya naha aya teu Urang Sunda nu jadi mentri..?
> 
>  Kahariwang urang dina taun 2004 sami sareng kahariwang 
>kokolot taun
> 1950an, ana kitu lamun ditilik kadinya urang Sunda siga 
>anu euweuh
> kamajuana, nu dipadungdengkeun  ti baheula mula tug nepi 
>ka ayeuna eta eta
> keneh, siga anu teu percaya diri.
>  Naha enya kitu..? atawa lain ku teu maju Urang Sunda 
>teh tapi batur ge
> majuna leuwih laju leuwih kenceng...!!
>  Wallohu'alam
> 
>  MSasmita
>  (pedaran ieu ditepikeun dina sawala kapeutingnakeun di 
>Cimalati nu
> dimoderatoran ku Kang Tantan)
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

=============================================
Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA
Berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
=============================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke