Pa Dede nu 'gagah perkasa' nya, kumisan, jago silat. enya guru kesenian.
rada emut ayeuna mah. asana sok dikopeah. ngawulang nuju abdi kelas hiji.

aya deui guru urang Imbanagara. hilap deui namina. unggal enjing ngalangkung
ka gunungcupu da nganteurkeun putrana ka SMA Panumbangan kana vespa. di
kelas sok ngaheureuyan, "Jamal, ari maneh rek ka sakola atawa rek nyaba?"
cenah. sigana nuju kelas tilu harita teh, anjeuna sok ningali abdi leumpang
ti gunungcupu ka sindangkasih (ti dieu naek beus ka ciamis) bari ngagugusur
tas baju nu gede, paranti nyaba tea, nu aya rodaaan. haha

harita, jeung babaturan nu rada garelo usum mawa tas ka sakola pagede-gede.
puguh we, tas baju nu baradag, nu marake roda, diparake, memeh asup, sok
ditumpukeun di payuneun kelas. siga di stasiun. haha

kalakuan.....:p

---------------
Ben Hur teh pan ngetop dugi ka diekspos dina Kompas. Enyaan sono ka baso
dengkul Ben Hur, henteu ari ka munding na mah....trah ti Spanyol meureun nya
da neunggar na teh meni ampun bedasna.  Ke..ke..Mang upami ti SMAN Ciamis
mah atuh kenal sareng Pa Dede? Mun teu lepat mah guru kesenian nya? Naha
masih di ditu kitu?


http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke