Kang Panzi, sumuhun geningan nembe lebet ka ieu milis balatak imel nulebet.  Leres pisan saur kang Budhi di Jepang supados teu seueur ngalamun mah kedah lebet anggota milis ieu.  Cocok milis ieu kango simkuring nu nuju tebih ti lembur tur anak pamajikan.... Hiks..Hatur nuhun kan Budhi. 
 
Baktos,
Abi Rindra
----- Original Message -----
Sent: Thursday, December 02, 2004 7:20 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Assalaamu 'Alaikuuuuum... Nepangkeun

mangga kang tossi...
wilujeng ngagabung ngariung mungpulung di lembur BAKUS,
nepangkeun oge abdi Panzi (Abi Kenzi & Naomi), ayeuna nuju damel (teu kenging deui nyebut macul cenah ayeuna mah...:P) di PT SUmitomo Wiring Systems Batam Indonesia, di bagian PE (Production Engineering), tos 10 taun langkung 3 sasih di batamna. Pituin urang Kampung Jondol-PSM-Kiaracondong-Bandung. Resep geura kang janten warga KUSNET mah, jadi seueur baraya di sakuliah dunya...
 
Wilujeng tepang oge ka ka kang Iwan van Sumedang, kang Hedy van bandung, kang ifan van kairo, oge kanu sanesna anu nembe lebet ka ieu milis...
 
Panzi
----- Original Message -----

Punten,
Nepangkeun sim kuring  Abi Rindra kawit ti Cianjur, mung kiwari janten urang Cinunuk, Cibiru, Bandung.  Tos ah sakieu heula kanggo perkenalanana.
Salam baktos,
Abi Rindra
----- Original Message -----

Abdi, ti Sumedang, bade ngiringan gaul ah di bbk Kusnet.
Kersa teu ? kalinggihan ku pribados ?
Wasta mah abdi teh Iwan, kawitna ti Sumedang, nyaeta kota tahu tea.
 
Cekap ah rupina sakieu, engke oge sok di tararos da.
Diantos wae patarosannana.
 
Hatur nuhun, sateuacana.
 
Waasalaam,
Iwan


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke