Kang Cep, walungan Cipeles teh jigana walungan panggedena di Kabupaten Sumedang mah. Ieu walungan meulah kota sumedang, Kota palebah kidul jeung kota plaebah kaler. Baheula mah cenah aya aturan, urang Cina teu meunang dagang di kota beulah kidul (sisi kidul walungan cipeles) da diibeulah kidul mah keur padagang pribumi. Cipeles ngamuara ka walungan Cimanuk di daerah Tomo deukeut kadipaten.
Cai ti lembur kuring, di Gelembung Cimalaka, sadayana oge engkena tamplok ka Cipeles. Ti lembur kuring mah cipeles teh aya kana 4 kmna. Di kiduleun lembur kuring aya walungan leutik anakna cipeles. Ari keur teu hujan mah eta walungan teh tara banjir. Tapi lamun hujan, caina sok gede pisan, umpal-umpalan. Aya dongeng, jaman kuring keur budak, lamun hujan gede dicampur jeung dor-dar gelap pikasieuneun, eta teh pertanda aya nu miceun mayit anu munjung ka walungan di kiduleun lembur kuring kulantaran mayitna henteu "ditarima". nya dipalidkeun supaya kabawa ka cipeles. Eta dongeng tepi ka ayeuna masih napel dina ingetan, Lamun hujan gede pikasieuneun, kuring sok inget (jeung rada sieun ...hehehe) ka dongeng nu miceun mayit anu munjung ka walungan ....... -WALUYA- --- In [EMAIL PROTECTED], Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > CIpeles?? > asanamah di Sumedang teh eta nami bendungan Cipeles, caket sareng lemburna > Almarhum pun aki... da emut kapungkur teh sok ngahaja mapah teras meuntas > jalan ageung amengan ka Cipeles ngadon ngojay da caina mani herang... > > Baktosna, ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

