Baraya,
Ngeunaan sajarah deui bae. Kapireungeuh yen sakitu gedena perhatian US di milist kana soal sajarah US atawa Tatar Sunda. Ieu teh hiji hal anu pohara pikagumbiraeunana. Yen catetan atawa rekaman kreativitas pikeun ngeunteung atawa miconto tina kreativitas luluhur anu ti heula enggoning nyanghareupan naon rupa pasoalan kahirupan anu kauger ku rohangan jeung waktu, geus mimiti ngaronjat. Singketna, ngawangun jatidiri ngaliwatan sajarah geus ngarupakeun kabutuhan urang sarerea
.
Leuwih ti heula, seja madungdengkeun kecap-kecap anu mindeng digunakeun atawa jadi kapiangen masyarakat Tatar Sunda pikeun, upamana bae, ngaganti ngaran propinsi "Jawa Barat" ku ngaran anu leuwih luyu jeung budaya masyarakatna. Pikeun catetan bae, Abah Surya langkung milih migunakeun kecap "Tatar Sunda" tinimbang "Pasundan" atawa "Priangan" keur kaperluan komunikasi dina jejer tadi. Upamana bae: kabudayaan Tatar Sunda, Propinsi Tatar Sunda (upama arek diganti ngaran propinsi Jabar; sugan bae ku ieu ngaran kahareup Banten jadi ngahiji deui jeung Jabar ayeuna), jsb.
Ieu teh taya lian keur ngawadahan kanyataan yen ayeuna US teh geus kabagi dua tina jihat geografis, jadi Jabar jeung Banten. Oge akhir-akhir ieu pameredih ti sabagian masyarakat Cirebon matak bayeungyang, kusabab di wewengkon eta loba anu ngarasa embung disakompetdaunkeun jadi "US". Kecap "Pasundan" atawa "Priangan" upama digunakeun kaeur ngawadahan jejer di luhur karasana kurang bisa ngawengku sagemblengna. Upamana bae, kabudayaan warna Sunda teh heunteu kabeungkeut ku watesan geografis (di wewengkon Jateng aya komunitas anu migunakeun basa Sunda jeung reueus kana seni budaya Sunda). Pon kitu deui soal ngaran keur sajarah Sunda, sigana leuwih merenah jeung baris ngawengku sakumna wewengkon anu kungsi sarohangan jeung sawaktu dina lalampahan sajarah, upama digunakeun kecap "Sajarah Tatar Sunda".
Dina raraga nyumponan angen-angen mikawanoh sajarah Tatar Sunda, satemena urang geus mibanda hiji karya sajarah yasana Kang Saleh Danasasmita alm saparakanca. Ieu karya teh masih migunakeun judul make kecap "Jawa Barat", sakumaha anu marajian lahirna eta karya kaproyekan tea. Judul eta karya teh "Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB). Sok sanajan judulna kurang nyerep dina rasa budaya, sabab teu make kecap "Sunda" anu sakuduna mah make kulantaran sabagean gede rohangan jeung waktu sajarah anu diguar di dinya teh di Tatar Sunda, tapi ieu karya sajarah teh kaasup hiji pilihan (alternatif) tina tulisan-tulisan sajarah anu aya.
Lain bae hiji alternatif ceuk ijeran mah, ieu karya malah bisa disebutkeun cukup lengkep (komprehensif) dina nuliskeun deui fakta sajarah kumplit katut ka tafsiranana, utamana dina ngajawab sababaraha "missing link" anu salila ieu jadi bahan padungdengan atawa ngadu bako teu puguh tungtung. Sok sanajan Naskah Wangsakerta (NW) anu jadi sumber utama pangbalikan RPMSSJB masih diargukeun ku sabagean ahli sajarah, tapi upama disawang tina pentingna nuliskeun sajarah dumasar ajen-inajen mah (nyoko kana falsafah sajarah Mat I. Dimon, upamana), ieu karya teh geus nyukupan. Tina eta karya, upamana, urang bisa mikawanoh runtuyan silsilah raja-raja jeung mucunghul-tilemna hiji karajaan/kabudayaan di Tatar Sunda kalawan logis. Singketna, ku cara neuleuman eusi RPMJSSB, US moal koredas teuing jawaban pikeun nerangkeun sajarah masyarakatna.
Kusakitu, sigana aya hadena upama ieu karya Kang Saleh anu 4 Jilid teh ditrankripsikeun kana wangun file digital. Saterusna ieu transkripsi file digital teh disosialisasikeun dina website kasundaan, upamana di website urangsunda atawa koropak. Keun bae heula heunteun kudu milu kabarerang ku anu parebut bebeneran ngeunaan kalungguhan NW salaku sumber sajarah. Pikeun anu heunteu percaya ka NW, nya itung-itung sosialisasi wawacan atawa legenda (carita rakyat) anu tara aya panambelang ti saurang oge kana eusina karya budaya sarupa kitu mah. Atuh keur anu percaya, nya komo deui perlu nakeranan salaku salah sahiji cara mulasara ciri budaya.
Pikeun kuring sorangan, NW teh bisa kaasup salah sahiji sumber sajarah, sabab sajarah mah-pamustunganana-kumaha urang anu nuliskeunna. Upamana bae, naha dina sajarah nasional heunteu pagaliwota ku subyektivitas anu nuliskeunana? Teu percaya upama heunteu aya kapentingan anu nuliskeun teh dina sajarah bangsa mana bae. Anu penting, ceuk juragan Dimon, aya ajen-inajen anu universal anu bisa kacangking tina sajarah. Ajen-inajen anu bisa dipateakeun (B. Ind: diberdayakan) deui pikeun ngaronjatkeun kreativitas ngungkulan pasoalan kahirupan masyarakatna. Cindekna: pikeun ngigelan jeung ngigelkeun jaman tea.
Tah upama disawang ku falsafah sarupa kitu, RPMJSSB teh geus nyukupan, kari prakna urang ngilo, nafsirkeun deui, tepi ka meunang ajen-inajen anu luyu (relevan) jeung tangtangan anu disanghareupan ku urang; jeung mateakeunana eta hasilna dina kahirupan sapopoe. Nya ieu anu disebut revitalisasi budaya dina widang sajarah. Kulantaran salah sahiji lengkah enggoning ngarevitalisasi budaya (kaasup sajarah) teh sosialisasi, nya di dieu pentingna nyalabarkeun informasi ngeunaan budaya teh, kaasup karya Kang Saleh alm saparakanca, buku RPMJSSB tea, diantarana migunakeun sarana website.
Cag.
Baktosna,
manAR
manAR
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

