istilah Onom asalna kecap popoyok ka Anom. caritana kurang leuwih kieu: aya
komandan 'batalyon' karajaan Galuh nu desersi bari mawa anak buahna kabeh.
kabur ka rawa lakbok (nu terus ka telah rawa onom tea). si komandan
ngadegkeun karajaan sorangan, misah ti galuh. sangkan prajuritna marilu
jeung taat, nya ngalandih sorangan jadi Prabu Anom. supaya masih dianggap
aya pakait jeung Galuh. Da meureun harita raja di Galuh disebut Prabu Sepuh.
Tapi prajuritna manggih peta hianat komandan eta. nya terus we dipoyok,
meureun siga kieu, "Anom, Anom....Onom!". nepi ka kawentarna tah kecap onom
teh.

antukna si komandan oge prajurit ngarasa era kana kalakuanana nu hianat ka
karajaan Galuh. nya terus we salin rupa -ngahyang tea meureun- jaradi mahluk
siluman, bari terus katelah Bangsa Onom. ari markasna di Pulo Majeti, pulo
leutik di tengah rawa Lakbok -rawa eta ayeuna disulap jadi sawah ku bupati
indramayu pangsiun keur jaman walanda keneh. tapi sanajan geus jadi onom,
angger babakti deui ka karajaan Galuh. ngantorna ti jam salapan peuting nepi
ka jam salapan beurang.

ieu 'carita' ku si kuring disadur jadi bahan novel katilu. tokoh-tokoh Onom
dijieun samodel punawakan dina wayang. jagoana, jabang bayi nu cenah masih
katurunan prabu wastu. manehna di bere pusaka dua kujang. calon judulna,
Episode Rahim. can anggeus, sakotret deui. rencana mah akhir taun ieu kudu
anggeus. sugan we Grasindo daekeun deui nerbitkeun. nu ieu mah beda ti novel
kahiji jeung kadua tea, da make unsur jurig (mahluk siluman, bangsa onom
tea), lalakona kungsi nganjang ka astana gede kawali sagala, ngabahas
tulisan dina prasasti kawali. oge kungsi panggih jeung prabu wastu di alam
lain nu mere wasiat.
rencana mah make ilustrasi batu prasasti kawali sagala di jerona. gambarna
aya di web kusnet nu di yahoogroups, photo, situs.



http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke