Upami teu lepat aya deui anu kie ninganan :
Mangga ari ga gatot gaca
ari ca cau ambon
ari bon bonteng asak
ari sak sakit perut
ari rut rujak asem
ari sem sempal sempil
ari fil filem rame
ari me meja makan
ari kan kantong  kosong
ari song songsong lampu
ari pu puak paok
ari wok wok berewok
 
Tah upami hujan mah aya keneh upami teu lepat
Trang-tarng kolentrang si Londok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan .....
Duka kaituna mah hilap deui.
 
Salam
Asep Noor
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, December 01, 2004 4:24 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Kawih keur nyarekeun budak (lullaby)

kuring mah emut teh meun lagu bari heureuy tea... sapertos,

Aduhai kang wawan, numpak mobil sedan
sedanna ucutan, dikolong jembatan
Omean!!

TEu boga duit ngajual cengek, cengekna buruk ngajual jeruk
jerukna pentil ngajual teras kaituna
tapi tos hilap deui eta tetembangan teh..

teras aya anu

bang bang kalimalima gobang...bang..
bangkong ditengah sawah...wah..
wahi kapal udara..ra
ragrag di Jakarta..ta
taun opat lima..ma
hilap deui oge yeuh...heuheuheu...

geus ah,
da mepende budak oge palingan ngan sok diajak ngobrol sareng diharewosan
wae... atanapi sok diculkeun cenah anteng.. gugulitikan, engke ge bobo
nyalira.. :)

Baktosna,


-----Original Message-----
From: sofjan nanda [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, December 01, 2004 4:22 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Kawih keur nyarekeun budak (lullaby)



Ari " dengkleung dengdek" tea kumaha  sairna ?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke