Tetela Kang Kandar,  tambah teges bae sanggeus salah saurang "bengawan" antropologi US maparinan katerangan sarupa anu diposting ku salira di handap, yen sakitu raketna antara mulasara warisan budaya mangrupa basa jeung usaha-usaha anu kaasup ngokolakeun lingkungan, jembarna mulasara sumber kahirupan. Dina jejer badag basa Indonesiana mah nyoko kana "Pembangunan Berkelanjutan" tea.
 
Katerangan Kang Kusnaka ieu oge leuwih nandeskeun deui pamadegan Milan Kundera, yen saupama urang niat ngailangkeun hiji bangsa, ilangkeun bae ciri budayana. "Basa" teh apan disebutna oge "tiang pancang" budaya. Upama dina imah mah dadasar tea. Leungit hiji basa ti hiji bangsa kana moal lila deui leungit sakabeh ciri budaya eta bangsa. Sabalikna, ajeg basa hiji bangsa jeung dipake dina kahirupan sapopoena, mangka gede herapan ajegna lingkungan jeung kahirupan eta bangsa.
 
Katernag Kusnaka oge jadi tafsiran jeung kabeungharan katerangan tina ayat Al-Qur'an, anu kamasyhur sok dibacakeun nalika akad nikah. Ayat ngeunaan Pangeran anu nyiptakeun manusa (salaku makhluk sosial), mangpirang-pirang suku bangsa pikeun silih mikawanoh (Surah Ar-Rum ayat 21 tea). Kukituna ayat ieu oge nandeskeun pentingna silih ajenan antara budaya. Sabab, nya ngan budaya masing-masing anu bisa mulasara bangsa jeung lingkunganana sewang-sewangan. Lebah dieu geus teu bisa dipisahkeun deui antara jejer "think globally, act locally" jeung sabalikna, "think locally, act globally".
 
Kusakitu, muga-muga bae tambah ngagedur sumanget sadaya US pikeun mulasara basana. Kagiatan mulasara basa jeung seni budaya (anu tangtuna oge sabagean diantarana migunakeun basa) ngalangkungan milist-web, diantarana, jadi tambah ngandelan sumanget ku ieu pamendak Prof. Kusnaka. Hatur nuhun Kang Kandar, postingna. Mangga lajengkeun, kum ka sadayana bae, teraskeun naon rupa garapan anu parantos dilelengkah-haluan enggoning mulasara basa, jembarna budaya urang.
 
Baktosna,
manAR

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
BANDUNG RAYA
     
Kamis, 13 Nopember 2003
Kerusakan Alam Terkait Bahasa Lokal

BANDUNG, (PR).-
Upaya untuk mencegah terjadinya berbagai bencana alam yang semakin
sering melanda kita, terkait erat dengan pemahaman bahasa lokal yang
berhubungan dengan pengetahuan sosial dan ekologi. Kerusakan
lingkungan alam yang terjadi sekarang ini adalah juga karena kita
telah menyimpang dari pakem kearifan tradisi yang ditunjukkan dengan
berbagai ungkapan karuhun (nenek moyang-red.) dalam bentuk klasifikasi
bahasa.

Demikian disampaikan Guru Besar Antropologi dari Universitas
Padjadjaran (Unpad) Bandung Prof. Dr. Kusnaka Adimihardja, beberapa
waktu lalu, mengomentari terjadinya berbagai bencana alam di
Indonesia, akhir-akhir ini.


--
kumi


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke