Simkuring ngiring satuju upami urang sami-sami urang sunda samai-
sami ngawangun pola pikir anu hade sapertos anu di ulas ku Kang 
Tirta, Atuh iraha aya pertemuan anu leuwih ti sakadar kumpul-kumpul?

Salam,

Dedi



--- In [EMAIL PROTECTED], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Leres Kang Akos. Terus terang sim kuring asa "heuras" teuing ku 
keukeuh kana ieu sikep. Ke urang caritakeun we nya asal muasalna, 
sugan we baraya surti tur ngahampurakeun kuring mun karasana siga 
adigung, sombong.
>  
> Ceuk inohong psikologi & manajemen cenah pikiran jeung kabiasaan 
teh nangtukeun hiji jalma rek kamana jeung jadi naon. Ieu mah hiji 
conto aplikasina.  "Think like CEOs" cenah ceuk bule mah ka jalma nu 
hayang jadi boss perusahaan (CEO). Mun geus nyirepkeun diri kawas 
CEO tangtu dina sikep ngahargaan waktu, gaul jeung kolega jsb. 
disaluyukeun jeung tabiat unggul CEO. Ku kabiasaaan kabentuk imej 
(citra/image) jalma nu sigep tur siap mijah jadi CEO, jadi 
calon/kandidat pangkuatna kapilih. Ku cara mikir kitu, ayeuna mangga 
dikira-kira arahna kamana mun urang ngabiasakeun nyieun 
imej "buburuh", "ngored", "ngorehan" jste.
>  
> Baraya cenah salah sawios unsur nu ngawangun hasil sukses teh: 
jaringan (network) & kerjasama (digawe babarengan). Saratna tangtu 
kudu jelas & eces identitas sorangan. Ku sim kuring Kang Agus, 
Pakusarakan, Kang Rani oge Kang Akos pernah diered nepi ka jentre 
naon padamelanana. Hasilna geus boga panyawangan yen mun US rek maju 
jeung nyekel mass media ulah bireuk nyieun jaringan jeung Kang Rani 
nu kagungan spesialis media, Kang Nasir (Kisunda) nu icik ibung di 
Kompas jrrd. Mun US rek wedel dina widang IT tah asana mah loba 
baraya. Kang Agus Pakusarakan rek ngordinir US Jakarta nu di widang 
IT & Media. Targetna dina waktu 5 taun kahareup US kudu jadi sumber 
referensi di widang ICT, simpelna mah acara sapertos e-Life Style di 
Metro TV di "host" ku US.
>  
> Neda dihapunten ku capetang jeung heuras gengerong sim kuring. 
Asana mah di 5 taun kahareup geus kudu loba US nu "jaradi" 
babarengan, lain sosoranganan kawas nu salila ieu dicapkeun ka US 
senior. Tapi ceuk sababaraha US Senior alatan maranehna teu "ngader" 
adi-adina teh nya eta US  Junior teh teu kaciri kabisana da sok laku 
handap asor, papaehan, dodongkoan. Antukna kawas ngala lauk, nu 
kasair teh lain lauk US tapi seler sejen.
>  
> Salam kadeudeuh
> tirtaCW
>  
> 
> akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten kang Dhan,
> ayeuna mah di lembur teu kenging deui nyebat-nyebat
> "Buburuh" "Ngored" "Ngarambet" ka padamelan urang teh.
> Urang kedah nyebatkeun sing jentre naon
> pakasaban/padamelan urang saleresna. Saha terang engke
> aya baraya sanes anu nuju milarian pi-padamel-eun,
> pi-minantu-eun, boa-boa aya pi-bisnis-eun, lapur
> atuh... 
> Leres kitu teh, kang Tirta?
> 
> baktos akos
> * engke lamun aya kopdar poean damel di jakarta, urang
> sasarengan kadituna ti bekasi, mung kedah siap
> sasalinan. mondok bae di rorompok, upami di widian ku
> tuang bojo mah. resep geura ngobrol sapeuting juput.
> 
> --- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > ti Panawangan. Ayeuna abi nuju "buburuh" di
> Perusahaan
> > Korea di Cibitung.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
today! Download Messenger Now








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke