Kutan kitu si eneng teh urang Tasik? Atuh aya dua ti Tasik di Metro teh nu lain nyeta Kang Farid Jafar Sidik. Kahareup urang kontek atuh maranehna supaya narasumber acara eta tiasa digilir ti US: Kang Eko, Kang Agus jst.
 
Kang Eko teh pan ti Indihiang, sok atuh cobi naratas "hot line" jeung anjeuna........
(boa-boa enggeus!!)
 
salam
TCW

E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sakapeung mah e-Life Style di Metro TV sok di "host"
an ku urang sunda oge kang (teh mutia hafid) lamun teu
lepat mah eta namina teh urang indihiang-tasik. Tapi
seseringna mah sok ku si Roy suryo.


--- Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> panyawangan yen mun US rek maju jeung nyekel mass
> media ulah bireuk nyieun jaringan jeung Kang Rani nu
> kagungan spesialis media, Kang Nasir (Kisunda) nu
> icik ibung di Kompas jrrd. Mun US rek wedel dina
> widang IT tah asana mah loba baraya. Kang Agus
> Pakusarakan rek ngordinir US Jakarta nu di widang IT
> & Media. Targetna dina waktu 5 taun kahareup US kudu
> jadi sumber referensi di widang ICT, simpelna mah
> acara sapertos e-Life Style di Metro TV di "host" ku
> US.

> Neda dihapunten ku capetang jeung heuras gengerong
> sim kuring. Asana mah di 5 taun kahareup geus kudu
> loba US nu "jaradi" babarengan, lain sosoranganan
> kawas nu salila ieu dicapkeun ka US senior. Tapi
> ceuk sababaraha US Senior alatan maranehna teu
> "ngader" adi-adina teh nya eta US  Junior teh teu
> kaciri kabisana da sok laku handap asor, papaehan,
> dodongkoan. Antukna kawas ngala lauk, nu kasair teh
> lain lauk US tapi seler sejen.

> Salam kadeudeuh
> tirtaCW


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke