Ooohhh.....ieu panginten nu jadi ganjelan teh Nia teu ka Cimalati, abot ku emutan. Tapi teh Nia da geuning kondisi guru mah teu jauh ti nu kitu, mun teu apik mah kekelebekan ku hutang jeung teu leupas sosobatan ti Kosipa. Kondisi kieu teh tos didugikeun ka Pak Surya DPD, Ketua PGRI. Anjeuna ngartoseun pisan pamasalahanana, ngan urang asana mah can terang aya kitu program 100 hari Pak Surya??
 
tirtaCW

Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari Basa Lebaran mulang ka lembur,..
Bapak rada2 murung cumarita.

Saleresna mah isin bade diguar didieu teh..mung ah da ieu mah sanes ngera2 sorangan atanapi ngaguar aib...mung miceun kakeuheul wee...punten nya.

Ari Bapak teh, kepala SD di lembur teh, gaduh rerencangan guru anu kapungkur sasarengan ngaguruan di dinya.
Kamari ieu, bapak abdi di datangan ka bumi ku caroge anak buahna ( mantri kesehatan ), di carekan jeng dipasean kulantaran, bapak alim nandatangan ijin nambut artos deui, padahal mah tos jelas eta ibu guru sareng sababaraha guru teh gajina tos minus...bade narambut deui saurna teh,....dugi ka artos gajian anu sanes termasuk bapak..pami tanggl gajihan telat wae....dianggo nombok heula panginten. Artos sakola oge seep cenah...duka teu pararuguh.Gustii aya ku kitu....

Abdi mah mani teu narima kolot kuring didatangan,dicarekan,ditunjuk2....

Biasana pami pendak jeung guru etah teh , abdi salaman..naros, ngobrol, kamari mah ngabalieur...

Akhirna bapak alim pusing Saentos rempug sareng pengurus PGRI kecamatan, ditandatangan wee cenah, tapi bapak ngajukeun ngalih sakola..kasakola anu sanes, daripada lieur ngurus nu kitu...wios rada tebih oge.

Pas dinten lebaran, eta guru+Carogena anu ambek2an datang ka bumi, ngagabrug ka bapak, hampura kuring, hampura kuring....cenah.


Leres sih, abdi ogeteu terangkabubutuh aranjeuna teh...

Sakali deui punten, ieu mah sangkan abdi teu gondokan wee...

Nia


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke