----- Original Message -----
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, December 03, 2004 3:19 PM
Subject: [Urang Sunda] Panen Cilaka? Nau'd zubillahi min dzaalik. Kumaha
tarekahna?


>
> Anu kahiji, tarekah teh, sakumah wasiat tina tradisi, ngalobakeun
> sidqoh atawa mere maweh ka sasama dibarengan ku do'a. Anu kadua,
> panyinglar anu sifatna sosial atawa keur balarea, taya lian iwal
> ti "amar ma'ruf nahyi munkar" tea. Kumaha  gedena kakuatan sidqoh
> dina nyinglarkeun bahala, Kang Zam tiasa langkung anteb ngaguarna.
> Mangga Kang, dihaturanan. Anapon anu kaasup usaha kadua, diantarana
> bae nya ku ngamimitian budaya anti korupsi tea.

Bongan parantos dihaturanan, aya sakedik pepetetan hadis Kangjeng Nabi nu
kaemut. Unggelna kieu:
"Lamun masarakat geus teu malire ka somahan nu lara balangsak jeung geus
mupunjulkeun kahirupan dunya, ka eta masarakat baris ditibanan opat
bancangpakewuh (bencana), nayeta : jaman nu karasa beurat, pamingpin anu
dolim, panegak hukum nu hianat, jeung musuh nu teu weleh ngancam." (HR.
Ad-Dailami).
Tina kasauran Kangjeng Nabi (shalallahu 'alaihi wa alihi wasallam) di luhur,
urang tiasa nyandak kacindekan yen tumibana kasulitan ekonomi anu beurat
(krisis ekonomi); para pamingpin nu dolim, hawek, korup jeung kokomoan;
hakim, jaksa, pulisi, jeung abdi hukum lianna geus harianat; sarta tekenan
ti nagara-nagara maju ka nagara urang; ieu sadayana alatan teu dipalerana
somahan miskin sareng katalanjuran teuing dina numpuk-numpuk harta kakayaan.

(Sakitu bae Kang, rumaos elmu ajug)

Tansah,
zam



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke