Geura Kang Oman
Jantenkeun Carpon
atanapi Carnyam,
atanapi buku nya,
pangalaman Akang teh
wilujeng maos pangalaman paramitra
Ngiring bingah kanu bade ka Kenekes
Ely
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu kaopatna, soal waktu nganjang ka Kanekes. Harita waktu lunta ka
dinya, heunteu ngitung panaggalan sabenerna mah. Ngan barang keur
aya di Cibeo, Baduy Jero, ti peuting, geuning caang bulan mani
ngempray. Emh, da eta mah endah kabina-bina rarasaan harita. Bulan
keur mayungan, ngepmray, aya di wewengkon anu bener-bener masih
asli, wani sigana diadukeun jeung wewengkon mana bae anu kaasup asli
di ieu alam anu geus kaancikan ku budaya manusa. Keur ngobrol jeung
sohibul bet bari anu nganjang teh ditaranggap ku anjeuna jeung
tatangga-tatanggana ngariung, pating kalentrung sora kohkol diaradu
minuhan dedengean. Barang disidikeun ka luar, sora pating kalentrung
teh bijil tina lodong. Horeng wanoja-wanoja urang Kanenekes Cibeo
keur pulang anting (bulak-balik) ngakutan cai ti sumber cai
(walungan sisi kampung) make lodong (sarupa wadah ngangkut cai,
dijieun tina awi). Cai keur sasadiaan aroteun sapopoe di bumi
aranjeuna sewang-sewangan. Kukituna, "tips" anu kaopat, aya alusna
upama nganjang ka Kanekes teh dirarancang supaya pas keur bulan
purnama, dina heunteuna tanggal 13-14 bulan Hijriah, nya atuh dina
mingguan bulan keur gede ka ditu teh.
Kalima, kampung mana anu jadi tujuan. Aya 3 kampung anu kaasup Baduy
Jero, nyaeta Cibeo, Cikertawana jeung Cikeusik, patungturuy ti kaler
ka kidulkeun. Anu pangjauhna, tangtu bae kulantaran urag jol ti
kaler, nya Kampung Cikeusik. Wayahna, sok sanajan gede kahayang
urang nyaba tepi ka Cikeusik-kulantaran nya di Cikeusik minangka anu
disebut kampung Kanekes pangmimitina, jeung puseur-sebut bae-
karahasianana-nyaba urang engke sigana moal tepi ka dinya. Sabab,
keur anjog ka Cikeusik teh miang ti Kaduketug bae merlukeun waktu
leuwih ti dua poe sapeuting di jalan. Umumna mah anu ngaranjang ka
wewngkon Baduy Jero teh ukur tepi ka Cibeo atawa Cikertawana.
Kagenep, peupeujeuh di jajalaneun ulah sapetik-petikna, entong sala-
alana. Upama teu perlu pisan mah teu kudu putuk-petik, rubat-rabut.
Eta teh bisi matak ngarempag pantangan aranjeunna anu urang heunteu
engeuh sakabehna.
Katujuh, keur logisti, enya sakuduna urang teh bebekelan da ditu mah
teu aya warung kadaharan oge sangkan heunteu ngaheskeun nu diimah.
Di Baduy luar, anu dianjrekan minangka pangrereban, geus bisa narima
tamu model urang engke. Aranjeunna geus ngaikhlaskeun dapurna dipake
masak ku urang. Kukituna, upama urang bebekalan atahan oge, kayaning
beas jeung deungeunna, teu nanaon. Kitu deui di Baduy jero. Ngan anu
kaalaman baheula, aranjeunana oge nawisan ka urang, nyobaan
katuangan beunangna, bari rada arisineun. Waktu dipaluruh, aya anu
ngajelaskeun urang dinya, satemena urang Kanekes lain heunteu someah
nawaran naon rupa kadaharan ka urang, tapi aranjeunna inggis ku
bisi, rempan ku beja, katuangan beunang aranjeuna heunteu pas kana
letah tamuna. Kukituna, poma ulah heran upama urang ditu ku
urang "dianggap" (ka-persepsi) heunteu pati someah soal kadaharan.
Kadalapan, salila di Baduy jero peupeujeuh teu meunang mandi atawa
beberesih migunakeun pakakas modern, upamana sabun jeung odol. Di
dieu pakaitna tadi soal tips kudu sayogi fisik jeung mental teh.
Bisi teu biasa mandi heunteu make sabun, wayahna salila di baduy
jero mah ulah make sabun (keun bae atuh da papada sarua teu make
sabun). Mandi jeung miceun kokotor awak sejenna geus aya tempatna
sewang-sewangan, sakumaha pituduh aranjeuna. Urang Kanekes kalintang
parantos tiasana ngatur soal mulasara lingkungan.
Cag heula, bisi aya keneh kapanasaran mah prak bae tanyakeun, sugan
jeung sugan anu inget mah aya keur ngajelaskeunana.
Baktos,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
>
> Minangkana mah "tips" atawa nasehat ringkes keur anu rek nganjang
ka
> Kanekes (wewengkon Baduy). Sakalian bae ngingetkeun deui sorangan,
> susuganan aya waktu gabung jeung Kusnet komisi Jakarta, lunta deui
> ka Kanekes bulan Pebruari; atawa dipajukeun miluan ka "kloter" anu
> arek "taun baru"-an di Kanekes.
>
> Nu Kahiji, peupeujeuh di ditu teh ulah mindeng teuing migunakeun
> kecap Baduy. Ceuk warta anu kungsi katampa, urang ditu leuwih suka
> dirina disebut salaku "Urang Kanekes". "Baduy" teh sesebutan
> masyarakat luar ka masyarakat di dinya. "Baduy" sorangan oge
> ngarupakeun ngaran hiji gunung di wewengkon eta.
>
> > Cag sakieu heula, rarusuh arek juma'ahan, ke pareng aya waktu
urang
> teruskeun deui.
>
> Baktosna,
> manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

