Assalamualaikum ww.

Wargi kusnet sadaya ari sikuringmah pangalamanteh didieu di bukittinggi
nyaeta masalah "palasik" (pan aya dina sinetron oge ning).

Enya heran naha nukitu masih keneh aya, saur kolot-kolot di dieu ceunah
palasi teh jelema biasa tapi jadi palasi kulantaran katurunan ti
karuhuna / kolot-kolotna. 

waktu kuring boga budak orok oge kitu, ku mitoha teh di titah datang ka
si A, cenah ngenta ubar kadinya sabab manehnateh palasik, ngenta ubar
oge atawa panangkal oge kudu kapalsik deui cenah, kuring percaya teu
percaya nya datang wae ngenta pangkal, memang dibere kumanehna
ramuan-ramuan cenah lamun magrib kudu di gayem terus di sembur-sembur
kuriling imah.

Cenah "Palasik" teh tong boro pasongrok jeung orok, dalah kuningali
popoean pakean orok, eta orok bisa kena ku palasi, cirina lamun budak
orok beunang kupalasi sok mencret wae, jeung bauna asing/hanyir (beda ti
bau BAB budak), terus ubun-ubuna (emun-emunan) sok deklok pisan, si orok
lamun geus kena kupalasi biasana mun cager oge sok hese gede/ririwit.

Jeung eta palasik teh cenah beki oge kana Rendang, jadi mun nyampang
masak rendang aya palasik, rendang teh sok sari basi jeung teu ngenah
rasana teh, cenahmah sari-sarina ges disedot ku palasik. (WABS).

salam
hendra



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke